MATERI CAPRON JEUNG NOVÉL


    

Carita Pondok

 

Mikawanoh Carpon

Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Disebut carpon téh lantaran caritana pondok.  Bentukna mah saru ajeung dongéng, tapi tangtu aya bédana. Salahsahiji anu ngabédakeun carpon jeung dongéng dina segia eusina carita. Upamana carita dina carpon mah réalistis sedengkeun carita dina dongéng mah sok pamohalan.

Ciri-ciri Carpon 

            1.        Jumlah kecapna nyaéta di antara 5.000 – 10.000 kecap. 
            2.       Waktu macana kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepi ka réngsé. 
            3.       Umumna carita pondok diketik dua spasi maké kertas ukuran A4, antara 4-8                         lambar. Tangtu waé carpon barudak mah umumna leuwih pondok ti dinya.  
            4.       Kajadian dicaritakeun saperluna (kajadian intina hungkul)/ galurna basajan                         (sederhana)
            5.       Palakuna jalma biasa, leuwih saeutik ti batan novél
            6.       Puseur panitén nu dipaké ilaharna puseur panitén jalma kahiji, nu ditandaan                         ku tokoh kuring jeung manéhna 
            7.       Carpon kaasup kana karangan prosa fiksi lantaran ciciptan, hartina lain                                 kajadian saenyana, sanajan diréka saperti anu enya-enya kajadian. 

Unsur-unsur Carpon 

            1.        Téma 

Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu kagambar dina karyana. 

            2.       Palaku 

Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran anu ngalalakon dina carita. Loba saeutikna palaku gumantung kana kabutuh carita. Dumasar kana kalungguhanna aya nu disebut palaku utama watekna bisa hadé bisa goréng (protagonis atawa antagonis) tapi réana mah hadé, palaku kadua watekna anu jadi lalawanna, ilaharna watekna goréng (antagonis), jeung palaku tambahan (tritagonis).  

            3.       Latar

Latar téh aya dua rupa, nyaéta latar waktu, tempat, jeung suasana. 

            4.       Galur 

Galur atawa alur téh mangrupa runtuyan kajadian anu ngawangun jalan carita. 

            5.       Amanat 

Amanat nyaéta pesen pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca.

Amanat téh aya nu nyamuni (tersembunyi), aya nu dibéjakeun langsung. 

 

Novel

Wangenan Novél 

 Novél nyaéta carita rékaan anu panjang dina wangun basa lancaran (prosa). Béda jeung carpon, dina novél mah jalan caritana loba bagian-bagianna. Kitu deui palakuna ogé loba sarta mangsa anu kacaturna lila. Novél umumna diréka tina pangalaman atawa kahirupan manusa anu réalistis, kaharti ku akal. 

 Novél Sunda anu munggaran medal nyaéta “Baruang ka nu Ngarora” karangan D.K. Ardiwinata anu medal taun 1914. 

Jenis-jenis Novél dumasar Umur

1.        Novél barudak 

2.       Novél rumaja 

3.       Novél déwasa

Jenis novél dumasar kana eusina

1.        Novél silih asih 

2.       Novél kulawarga

3.       Novél sosial 

4.       Novél misteri 

5.       Novél sajarah 

6.       Novél jiwa 

Unsur-unsur Novél 

Novél ngabogaan unsur-unsur carita, anu ngawengku : 

                1.        Palaku

Palaku nyaéta jalma-jalma anu ngalalakon. Palaku kabagi jadi palaku utama jeung palaku panambah. Palaku utama nyaéta anu loba dicaritakeun ku pangarang sarta loba nyorang kajadian. Ari palaku panambah nyaéta anu kalungguhanana ukur marengan palaku utama. 

                2.       Latar

Latar nyaéta patempatan, waktu, jeung suasana anu kasabit-sabit dina carita. 

Latar tempat, contona waé aya imah, pabrik, warung, jrrd. 

Latar waktu, contona waé beurang, peuting, isuk-isuk. 

Latak suasana, contona waé pikasieuneun, bungah, jrrd. 

                3.       Galur atawa Plot,  

Galur nyaéta Galur nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur. Aya galur mérélé (maju), galur mundur, galur bobok tengah, jeung galur pandeuri ti heula.

Galur mérélé nyaéta runtuyan kajadian nu urutanna saluyu jeung urutan waktu kajadian atawa anu gerakna maju. 

Galur bobok tengah nyaéta carita anu lumangsungna di tengah-tengah heula. Tara ngawanohkeun heula nu ngalalakon. Anu ujug-ujug dibawa ka tengah-tengah carita. 

Galur pandeuri ti heula (mundur) nyaéta dimimitian tina tungtung carita atawa gerakna mundur (flashback).

                4.       Téma jeung Amanat

Téma nyaéta jejer utama atawa poko pasualan carita, contona: kanyaah indung, buméla ka lemah cai, ganjaran ka nu sabar, wawales ka nu sarakah, jeung sajabana. Dina novél ogé aya nu disebut amanat. Amanat nyaéta pasualan anu hayang ditepikeun ku pangarang ka anu maca. Boh téma boh amanat bisa kapanggih sanggeus urang tamat maca hiji carita. 

 

Bédana novél jeung carpon

Bisa katitén tina ukuranna upama novél leuwih panjang tibatan carpon

Carpon

Novél

Jumlah kecap maksimal 10.000 kecap

Jumlah kecap bisa nepi ka 35.000 kecap

Palakuna ngan saeutik

Palakuna réa

Galur dina carpon singget

Galur caritana kompléks

Téma dina carpon basajan

(sederhana), gampang ditebak

Téma novél leuwih kompléks, hésé ditebak

Ngandung hiji konflik anu dicaritakeun 

Réa konflik anu dicaritakeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar