UNSUR-UNSUR RÉTORIKA




UNSUR-UNSUR RÉTORIKA

            Rétorika mangrupa wengkuan tina tilu unsur nu di sebut trivium. Unsur-unsur nu aya dina trivium ngawengku logika, gramatika jeung rétorika. Dumasar kana trivium éta unsur-unsur nu ngawangun rétorika diantarana kayaning dihandap :
1.      Pedaran
            kualitas pedaran salah sahiji unsur rétorika anu bisa mangaruhan kana kualitas eusi caritaan panyatur. Upamana miih topik jeung tujuan, panyatur bisa nyokot tina rupa-rupa sumber, kayaning pangalaman pribadi, kalangenan, kaparigelan, pakasaban, atikan di sakola, sawangan pribadi biografi, kajadian husus, atawa minat masarakat.
2.      Gaya Basa
            Gaya basa nay éta wandaa éksprési basa dina nepikeun pesen boh dina prosa boh dina puisi atawa cara hiji panyatur dina nepikeun omongan. Aya sababaraha rupa gaya basa diantaran :
a)      Ngumpamakeun (simile) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna anu sipatna nembrak, contona kawas gaang katincak.
b)      Mijalma (personifikasi) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang  nu teu nyawaan jeung barang nu nyawaan, contona gunung siga nu milu muyung, lebak siga nu milu susah.
c)      ocon (metonmia) nya éta ngagunakeun ngaran salah sahiji barang pikeun nyebut barang séjén nu aya patalina sacara logis. Contona jang, pangmeulikeun gudang garam.
d)     Ngasor (litotés) nya éta rakitan basa pikeun ngarendahkeun diri tandaning sopan atawa handap asor. Contona ah gadung tanah ogé ngan satapak peucang.
e)      Rautan (eufimisme) nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana. Contona indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)
f)       lalandian (metafora) nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona lempangna ngembang sampeu (dingdeut)
g)      raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa nu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun. Raguman kabagi jadi dua nya éta :
(1)   Turunan, nya éta raguman nu nyebut sagemblengna padahal anu dimaksud mah salasaurang atawa sawaréh.
(2)   Tunggalan, nya éta raguman anu nyebut salah sahiji atawa sabagéan padahal makudna mah sakabéhna.
h)      Rarahulan (hiperbola) nya éta rakitan basa nu sok kaleuleuwihi. Contona, sawahna satungtung deuleu
i)        Kadalon (pleonasme) nya éta rakitan basa nu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih mistina. Contona : anakna kembar sapasang
j)        Ébréhan (peripraseu) nya éta rakitan basa nu ngébréhkeun gunana kaayaan hiji barang, tapi maksudna mah nya éta barang anu kaancikeun. Contona, puputon sekar kadaton (putri).
k)      Kahanan, nya éta rakitan basa nu ngébréhkeun sipat ciri anu husus atawa barang. Contona raja leuweung pikeun nyebut maung.
l)        Silib (alegori) eusina dibalibirkeun sangkan anu diajak nyarita henteu kasigung haténa. Rupa-rupa gaya basa sindir diantarana
a)      Ironi, contona “naha jang datang téh meuni subuh-subuh teuing” (kaberangan)
b)      Ngomong seukeut (Sinisme), contona “teu sangka getol geuning puta ibu téh” (kedul)
c)      Nyungkun (sarkasme), contona ”béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé”
m)    Antonomasia, nya éta gaya basa nu di paké nyebutkeun sipat anu goréng tina ngaran jalma anu nepi ka nélahna. Contona si gembru (pikeun nyebutkeun nu lintuh)
n)      Éponim, nya éta gaya basa nu dipaké nyebutkeun sipat anu alus tina ngaran jelema. Contona kawas arjuna (pikeun nyebut anu jalma anu kasep)

3.      Komposisi
            Pikeun meunangkeun komposisi anu hadé aya tilu prinsip komposisi nya éta:
a.       Dalit, mangrupa hiji bengkeutan anu lengkep anu ngawengku eusi, tujuan jeung sipat
b.      Hubungan, ayana runtuyan nu ngahubungkeun babagéan rétorika
c.       Jejer caritaan, nunjukeun panyatur kana bagéan penting anu kudu diperhatikeun
      Aristoteles jeung cicero geus nyusun aturan rétorika anu kabagi jadi lima unsur dasar nya éta :
1.       Invensi, nya éta tahap néangan topik jeung Nalungtik pangregep pikeun mikanyaho metode persuasi anu paling merenah.
2.      Disposisi, nya éta tahap nyusun pidato atawa ngaorganisasikeun amanat nu rék ditepikeun.
3.      Elokusi, nya éta tahap milih kekecapan jeung basa anu merenah.
4.      Ingetan, nya éta tahap nginget-nginget naon anu ditepikeun sarta ngolah bahan-bahan anu rék dicaritakeun.
5.      Cara ngucapkeun kekecapan, dina ieu tahap panyatur nepikeun amanatna sacara lisan.
     
      Ditilik tina fakta jeung kabutuhanna, unsur-unsur retorika téh ngawengku:
a.        Saluran (media)
b.      Argumen
c.       Paregep
d.      Komunikator/panyatur
      Rétorika dianggap suksés saupama mampuh nyumponan dua unur diantarana kawijaksanaan jeung kamampuh dina ngolah kekecapan. Salian ti éta rétorika dianggap suksés nya éta komunikator mampuh nagabangkitkeun minat paregep bisa ngirut perhatian paregep sarta dirina ngarasa kalibet, mampuh nepikeun informasi nu gampang di cangkem jeung bisa nepikeun pesen anu maw mangpaat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar