MONOLOG




MONOLOG

            Monolog mangrupa salah sahiji wangun nyarita saarah. Hartina teu aya interaksi antar panyatur. Anu kaasup kana wangun nyarita monolog nya éta biantara, ceramah, hutbah, orasi, ngadongéng maca puisi atawa deklamasi jeung maca carpon.
            Istilah monolog asalna tina kecap mono (hiji) jeung log; logi; logos (élmu). Lian ti éta, Jhon M. Echol jeung Hasan Shadily dina Kamus Inggris-Indonesia (385:1988) nuliskeun yén harti kecap monolog (monologue) téh nya éta nyarita sorangan. Upama dipatalikeun jeung kajian élmu elmu terapan nu ngeunaan seni nyarita, monolog ngandung harti kagiatan nyarita pikeun nepikeun kareteg haté, maksud, atawa informasi ti saurang jalma ka jalma séjén. Dina widang seni sastra, kecap monolog leuwih loyog ditujulkeun pikeun kagiatan seni peran jeung téater.
            Istilah monolog mimiti diwanohkeun taun 1964 di Hollywood nu mekar jadi sarana seni jeung téater. Salah saurang tokoh nu ngagagas monolog nya éta charlie caplin. Monolog ogé mindeng kapanggih dina pintonan film-film komedi, horror, jsb.
            Monolog dina seni adegan kayaning drama sok disebut drama/sandiwara tunggal lantaran biasana midangkeunnana dilakukaeun ku saurang palaku tunggal. Sedengkeun dina seni sastra upamana waé dina carpon, dongéng atawa sajak mah diwangun ku kecap-kecap atawa omongan nu diébréhkeun kaayaan nu karandapan saurang tokoh boh dirina boh jalma séjén

Tidak ada komentar:

Posting Komentar