BIANTARA




BIANTARA
13.1 WATESAN BIANTARA
                Tarigan (1981) nyebutkeun yen biantara/pidato teh minangka aksi panyatur pikeun nepikeun hiji hal sacara ngahaja jeung miboga sifat formal. Dina kamus basa sunda (KUBS) (1995:76) diterangkeun yen anu dimaksud biantara the nya eta nyarita atawa cacarita hareupeun balarea.
13.2 RUPA-RUPA BIANTARA
                Biantara teh kabagi kana sababaraha warna. Tarigan (1981:23) ngelompokkeun warna biantara jadi opat bagean, nya eta : 1. Biantara ngalaporkeun; 2. Biantara kakulawargaan, 3. Biatara ngayakinkeun, jeung 4. Biantara ngarundingkeun.
13.3 TUJUAN BIANTARA
                Numutkeun haerudin, (2009:43) maksud jeung tujuan biantara nya eta ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
13.4 SISTEMATIKA JEUNG METODEU BIANTARA
                1. ngucapkeun salam bubuka
                2. nepikeun bubuka anu biasa diucapkeun ku ucapan hatur nuhun.
                3. nepikeun eusi biantara.
                4. nepikeun kacindekan eusi biantara
                5. salam panutup.
13.5 CIRI-CIRI BIANTARA ANU HADE
                1. saklek
                2. jelas
                3. hirup
                4. ngabogaan tujuan anu jelas
                5. ngabogaan gaya klimaks
                6. malikan deui
                7. ngandung surprise
                8. ringkes
                9. aya variasi humor
13.6 TEHNIK MUKA JEUNG NUTUP BIANTARA
13.7 WANGUN BIANTARA
                Anu kaasup kana kelompok nyarita wangun biantara diantarana :
1. Orasi, nya eta pidato atawa biantara nu ilahar dilaksanakeun di paguron luhur.
2. hutbah, nya eta pidato nu eusina mangrupa wejangan ngeunaan bagbagan agama jeung darigama anu ditepikeun ku hotib di masigit samemeh ngalaksanakeun solat jumat jeung solat id
3. ceramah, nya eta pidato ngeunaan elmu pangaweruh, agama, ekonomi, social, budaya, jeung sejenna.
13.8 NUMUWUHKEUN KAREP PAMIARSA
                Aya henteuna interest ti pamiarsa bisa katangen saupama :
a. pamiarsa jempling
b. tembong ekspresi roman anu wajar
c. pamiarsa nembongkeun respon-respon sejen
d. pamiarsa ngasongkeun panalek anu keuna
e. Pamiarsa nembongkeun sopan santun anu wajar dina waktu nanya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar