ALIRAN RÉTORIKA




ALIRAN RÉTORIKA
1.      Aliran Rétorika Neoklasik
                Garapan utama nu aya dina rétorika aliran neoklasik nya éta ngagali deui rétorika klasik. Mahluk katut alam sabudeureunana jadi bahan pangdeudeul pikeun nambah mamanis basa dina rétorika neoklasik. Aliran rétorika neoklasik teu nganggap penting hal-hal nu sipatna original tapi leuwih ngutamakeun kumaha cara atawa métodeu dina nepikeunana. Kusabab kitu, panyatur atawa panulis di jaman neoklasik mekarkeun gaya basa nu ngagambarkeun unsur-unsur klasik ku cara-cara anyar nepi ka informasi jadi leuwih narik ati paregep atawa nu maca. Tokoh-tokoh aliran neoklasik di antarana Alexander Pope, Jonathan, Jhon Lawson, John Ward.

2.      Aliran Belles Letters
                Sacara harfiah istilah belless letters ngandung harti karya tulis anu éndah. Ieu aliran ngagabungkeun konsép-konsép rétorika klasik jeung pamikiran-pamikiran anyar (moderen) diantarana konsép pamikiran modél komunikasi Aristoteles nu ngawengku :
a)      Sumber / pangirim pesen (source)
b)      Pesen komunikasi (massage)
c)      Nu narima pesen (receiver)
d)     Konsép étika
e)      Konsép logika
f)       Patethik proof
g)      Konsép milih matéri
h)      Aprésiasi pikeun nyeukeutan daya pikir
i)        Gaya basa
              Anu diadopsi ku aliran belles letters tina konsép-konsép pamikiran modél komunikasi Cicero jeung Quintilian ngawengku :
a)   Definisi rétorika nu mangrupa seni nu diwangun ku invention, disposition, style, memory jeung delivery.
b)     Tilu rupa cara mungkas wacana nya éta instructing, pleasing, jeung moving.
c)      Konsép ngeunaan rupa-rupa gaya nya éta plain, madium, jeung grand.
d)     Peran alam, niri-niru sarta ngagunakeun modél-modél wacana tina orator jeung panulis.
              Ari anu jadi ambahan (ruang lingkup) rétorika aliran belles leters jadi leuwih lega. Nya éta ngasupkeun kaparigelan nulis di sagédéngeun wicara. Ari wacana anu di diarulikna ngeunaan wacana lisan, drama, puisi, sejarah, jeung filsafat nulis katut antologi pendidikan.
            Tokoh-tokoh aliran belles letters diantarana Hugh Blair, Alexander Gerard,Edmun Burke, John Baillie, Joseph Addison, Adam Smith, jeung Charles Rollin. Tokoh nu anu nyongcolang diantarana hugh blair, anu nulis buku ngeunaan sawangan belles letters anu judulna “Lecture on Rhetoric and Belles Letters”.

3.      Aliran Epistemologi
                   Aliran epistemologi ngahubungkeun rétorika jeung konsép-konsép anyar anu diformulasikeun dina filsafat       jeung psikologi. Ieu aliran téh raket patalina jeung kamekaran élmu pangaweruh. Tokoh-tokoh élmu pangaweruh diantaranKepler, Gilbert, Galileo, Bacon, Descartes jeung  Boyle. Cara mekarkeun na ngaliwatan métodeu ékspérimen nu ngagunakeun métodeu induktif.
               Sababaraha pamikiran Francis Bacon nu ngadasaran rétorika aliran epistemology diantarana :
a)   Tugas jeung pungsi rétorika nya éta pikeun nyeukeutkeun daya nalar jeung imajinasi dina komunikasi.
b)      Invention jeung discovery dina prosés ngumpulkeun data sarta ngarumuskeun masalah.
c)     Panyatur ngingeut-ngingeut deui sawatara pangaweruh nu geus nyampak nu di mangpaatkeun luyu jeung situasi rétorika.
d)     Salila nyarita kudu merhatikeun opat hal nu aya dina invéntion ieu di handap
1)      Colors of good and evil atawa hakékat hade jeung goréng.
2)      Antitheta atawa pasangan daptar pernyataan nu patukang tonggong
3)      Formulae atawa perumusan nya éta nyusun kekecapan anu siap di paké.
4)      Apothegms atawa pernyataan ringkes disebut ogé rumusan.
e)     Opat hal anu di tétélakeun bisa di lakonan ku cara (1) ngimeutan lingkungan jeung nyatet hal-hal anu ngirut panitén, (2) nyarita tanpa beban, (3) di ajar tina sajarah.
               George Campbell (1776), nétélakeun sababaraha pamikirana ngeunaan rétorika ieu di handap :
a)      Rétorika mangrupa prosés kamekaran nu dinamis
b)   Diwangun ku kamampuh jiwa manusa ngabogaan opat unsur nya éta pamahaman, karep, imajinasi, jeung kahayang nu silih rojong.
c)    Dumasar kana fakta deduktif nu ngawengku dua hal nya éta bukti ilmiah jeung alesan / penalaran moral
d)        Panyatur kudu maham kondisi paregep atawa nu maca
e)   Panyatur bisa nyusun wacana ku cara ngingeut-ngingeut deui informasi anu kungsi kapimilikna.
           Kamekaran rétorika aliran epistemologi dideudeul ogé ku pamikiran-pamikiran Richard Whatley nu ngawengku :
a)  Ambahan rétorika leuwih museur kana perihal kamampuh manggihan jeung nyusun arguméntasi
b)    Rétorika leuwih raket hubungannana jeung masalah manajemen dumasar hal nu kapanggih (discovery) jeung naon nu di talungtik (investigation)
c)      Nyusun hasil nalar tina hasil logika jeung inkuiri.
d)     Argumen dibédakeun jadi dua rupa nya éta (1) a priori,dimimitian ku sabab kana akibat, jeung (2) sign, dimimitian tina akibat kana situasi kondisi.

4.      Aliran Elocutionary
                      Aliran elocutionary museurkeun kajian delivery kalawan alesan-alesan saperti kieu :
a)   Make basa lisan di pamaréntahan, dina hutbah jeung kagiatan agama séjénna ngandelkeun pisan aspek delivery
b)  Nalungtik cara jalma nyarita mangrupa upaya pikeun ngaleugaan wawasan rétorika.
c)      Aspék delivery mangrupa aspék rétorika nu can teleb dipaluruh nepi ka tuntasna
            
                 Sheriden nétélakeun yén pikeun neuleuman aspék delivery saurang panyatur kudu maham sawatara metodeu anu preskriftif kayaning :
a)    Nalika nyarita panyatur kudu neuteup audien dibarengan ku sora anu bedas, jelas tur tandes.
b)      Dipahing pisan ngagunakeun atawa ngucapkeun sora-sora anu di jieun-jieun
c)      Latihan bakal leuwih éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh ngatur sora.
d)    Pikeun ngawasa luhur handapna sora perlu maluruh kecap-kecap jeung kalimah dina eusi caritaan.

                Watesan rétorika di jaman modéren mangrupa konvergensi antara seni basa lisan jeung tulis dumasar kana hiji pangaweruh atawa hiji métodeu anu di susun kalawan puguh éntép seureuhna. Rétorika modéren leuwih ngutamakeun ngalirna komunikasi nu éféktif jeung éfésién antara sumber informasi jeung nu ngaregepkeunnana. Dumasar kana éta hal rétorika leuwih museur kana seni tulis-tinulis, kalawan teu ngamomorékeun basa lisan.

 

Référénsi :
Haerudin, Dingding & Agus Suherma. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar