Wangenan Paguneman
Paguneman téh asal kecapna
tina "gunem", hartina nyarita silitémpas. Paguneman nuduhkeun aya dua
jalma atawa leuwih nunyaritakeun hiji hal bari silitémpas. Paguneman téh sarua
waé jeungngawangkong atawa ngobrol. Dina basa Indonesia mah pagunemantéh nyaéta
percakapan.
Aya paribasa anu patali
jeung paguneman nyaéta “Hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé tagog”, anu
hartina dina enggoning hirup kumbuh masarakat urang kudu lumampah kalawan hadé
boh dina nyarita boh dina paripolah.
Conto ungkara dina paguneman
a.
Nanya
1. Kumaha
damang?
2. Punten,
dupi ieu sareng saha nya?
3. Upami
teu lepat mah, ieu téh dini sanés?
4. Manawi
uninga, dupi Gedong YPK di palih mana?
b.
Ngawanohkeun
dri sorangan
1. Wasta
abdi Cécép, kawit ti Tasik.
2. Nepangkeun
abdi pun Rénggi ti Subang.
3. Rupina
mah lali, apan abdi téh Dina.
4. Har,
piraku hilap deui, abdi téh Toto téa.
c.
Pamitan
1. Bu,
pemios abdi badé wangsul.
2. Kumargi
parantos sonten, abdi badé wangsul ti payun waé.
3. Hampura
nya, urang rék balik ti heula, aya perlu yeuh.
4. Manawi
kawidian, abdi bade mios ti payun.
d.
Ménta
Idin
1. Bu,
permios badé ka pengker.
2. Abdi
neda widi, énjing moal tiasa ka sakola.
3. Isuk
urang moal milu latihan, idin wé sakali mah.
4. Pa,
punten badé nambut bal kanggo sésépakan.
e.
Nganuhunkeun
1. Bapa,
hatur nuhun pisan kana kasaéanana.
2. Nuhun,
Bu, abdi tos dipasihan nambut buku.
3. Langkung
ti payun, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana kasumpinganana.
4. Muhun, atos katampi kintunanana, hatur nuhun.
f.
Ménta
hampura
1. Hapunten,
abdi rumaos lepat.
2. Hampura
wé atuh, teu kahaja.
3. Hapunten
bilih seueur kakirangan.
4. Hampura
buku téh teu kabawa.
Tatakrama dina Paguneman
Dina nyarita kudu
merhatikeun lentong, tatakrama, jeung pasemon ogé rengkuh awak.
1.
Lentong
Lentong nyaéta luhur
handapna sora nalika gunem catur.
2.
Tatakrama
basa (undak-usuk basa)
Dina maké basa Sunda aya nu
disebut undak-usuk basa Sunda. Undak-usuk basa mangrupa ragam basa Sunda anu
miboga aturan dina ngagunakeun basa sapopoé luyu jeung aturan anu lumangsung di
masarakat. Tujuan dipakéna ragam basa téh sangkan bisa silih ajénan dina
lumangsungna paguneman, saha nu diajak gunem catur, ogé eusi pagunemanana.
Undak-usuk basa Sunda kabagi jadi tilu, nyaéta:
|
|
Undak-Usuk
Basa Sunda |
|
|
Basa Lemes (hormat) |
|
Ragam basa lemes dipaké lamun urang nyarita
ka batur saluhureun atawa nu can wawuh.
Basa lemes téh kabagi jadi dua rupa nyaéta:
1.
Basa lemes
keur diri
sorangan 2.
Basa lemes keur saluhureun atawa anu umurna
leuwih kolot ti batan urang |
|
Basa Loma |
|
Basa loma
atawa basa sedeng téh ilaharna dipaké pikeun babaturan atawa saumuran anu
dianggap geus deukeut |
|
Basa Kasar |
|
Basa kasar atawa cohag dipaké pikeun sato |
Conto undak-usuk basa Sunda
|
No |
Basa Loma |
Basa Lemes |
Hartina |
|
|
Keur sorangan
|
Keur Batur |
|||
|
1. |
Abus |
Lebet |
Lebet |
Masuk |
|
2. |
Alus |
Saé |
Saé |
Bagus |
|
3. |
Ambek |
Ambek |
Bendu |
Marah |
|
4. |
Amitan |
Permios |
Permios |
Permisi |
|
5. |
Arék |
Badé |
Badé |
Mau |
|
6. |
Bawa |
Bantun |
Candak |
Bawa |
|
7. |
Beuli |
Mésér |
Ngagaleuh |
Beli |
|
8. |
Bikeun |
Maparinkeun |
Ngahaturkeun |
Memberi |
|
9. |
Balik |
Wangsul |
Mulih |
Pulang |
|
10. |
Buru |
Bujeng |
Bujeng |
Cepat |
|
11. |
Dahar |
Neda |
Tuang |
Makan |
|
12. |
Diuk |
Diuk |
Calik |
Duduk |
|
13. |
Gering |
Udur |
Teu damang |
Sakit |
|
14. |
Hampura |
Hapunten |
Hapunten |
Maaf |
|
15. |
Hayang |
Hoyong |
Palay |
Mau |
|
16. |
Hudang |
Hudang |
Gugah |
Bangun |
|
17. |
Kadéngé |
Kakuping |
Kadangu |
Terdengar |
|
18. |
Kélék |
Kélék |
Ingkab |
Ketiak |
|
19. |
Kedeng, ngedeng |
Ngedeng |
Ébog |
Berbaring |
|
20. |
Kiih |
Kahampangan |
Kahampangan |
BAK |
|
21. |
Lanceuk |
Pun lanceuk |
Tuang raka |
Kakak |
|
22. |
Lahun, ngalahun |
Ngalahun |
Mangkon |
Pangku |
|
23. |
Lého |
Lého |
Umbel |
Ingus |
|
24. |
Létah |
Létah |
Ilat |
Lidah |
|
25. |
Mahal |
Awis |
Awis |
Mahal |
|
26. |
Malik |
Malik |
Mayun |
Berbalik |
|
27. |
Mata |
Panon |
Soca |
Mata |
|
28. |
Mandi |
Mandi |
Siram |
Mandi |
|
29. |
Muga |
Mugi |
Mugia |
Semoga |
|
30. |
Ngaran |
Wasta |
Jenengan, kakasih |
Nama |
|
31. |
Ngarti, paham |
Ngartos |
Ngartos |
Mengerti |
|
32. |
Nyarita |
Nyanggem |
Nyarios |
Bercerita |
|
33. |
Nyaho |
Terang |
Uninga |
Tahu |
|
34. |
Parna |
Répot |
Wales |
Parah |
|
35. |
Pénta, ménta |
Nyuhunkeun |
Mundut |
Meminta |
|
36. |
Percaya |
Percanten |
Percanten |
Percaya |
|
37. |
Poho |
Hilap |
Lali |
Lupa |
|
38. |
Saré |
Mondok |
Kulem |
Tidur |
|
39. |
Salah |
Lepat |
Lepat |
Salah |
|
40. |
Sanggup |
Sanggem |
Sanggem |
Mampu |
3. Pasemon
jeung rengkuh awak
Pasemon nyaéta gambar rasa
haté nu katémbong dina beungeut. Ari rengkuh nyaéta nandakeun hormat ku sikep
anggota badan, upamana waé waktu nyarita awak henteu dangah, tapi awak rada
dongko. Jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun)
pasemon jeung rengkuh awak kudu merenah.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar