Wangenan (pengertian)
sajak
Sajak atawa dina bahasa
Indonesia mah puisi mangrupa salasahiji karya sastra wangun basa ugeran
(puisi). Sanajan kaasup kana bagian puisi, sajak mah teu pati kauger ku patokan
jumlah engang di unggal padalisan atawa jumlah padalisan di unggal pada,
saperti sisindiran jeung pupuh. Ku kituna, sajak mah kaasup kana puisi bebas.
Sajak mangrupa karya sampeuran tina sastra
deungeun, nyaéta pangaruh sastra Eropa. Sajak asup jadi sastra Sunda kira-kira
taun 1946. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WS (Kiswa
Wiriasasmita).
Conto Sajak
LALAKI NU BALIK JURIT
Rahmat M. Sas. Karana
Wanci layung hurung konéng manéhna datang leungeunna euweuh sapotong bedil nyoléngkrang na tonggong pélor ngabérés handapeun cangkéng
Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh di pangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh sakiceup waktu ngingintip langahna musuh mun manéhna masih kénéh embung paéh
Lebah pager imahna manéhna
ngarandeg heula uteukna nyarita mépés
kanyeri nu baris tumiba
“Ema kuring untung bisa mulang sedeng mitra réa nu
palastra di hiji taneuh nu direbut
ditebus getih
Panto hareup ngarekét aya nu muka hiji wanoja anu
geus aya umurna ngagoak lumpat
ngarangkul anu ngajanteng cimata indung
maseuhan buuk anakna
Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh wanci layung hurung konéng manéhna datang dipapag ku cimata indung sedeng na beungeutna taya gambar rasa
tugenah
(1963)
Unsur –
unsur Sajak
Sajak mangrupa ungkara
pikiran, rasa, jeung gagasan pangarang nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji
pasualan. Éta pasualan téh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé bisa
ogé ukur rékacipta pangarang sabada ngaliwatan prosés imajinasi, anu satuluyna
dijanggélékkeun dina wangun rakitan basa nu éndah.
Biasana sajak mah ditulis
dina wangun ungkara nu kecap-kecapna réa ngandung harti konotatif (kiasan). Ku
kituna, sajak mah aya kalana hésé dipikahartina, Salian ti éta, sajak téh
mibanda unsur-unsur pangwangunna atawa struktur. Éta unsur-unsur sajak téh di
antarana:
1.
Jejer
atawa Téma
Tema teh gagasan poko anu
rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya tema
kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak "Tanah
Sunda" di luhur teh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng.
Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan). aya
téma kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté.
2.
Nada jeung
Suasana
Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep
pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macca.
3.
Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa
kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh digorowokeun, digalantangkeun,
dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak "Tanah Sunda"
upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna
baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa
digalantangkeun.
4.
Amanat
Amanat téh mangrupa pesen
panyajak keur nu maca sajak. Najan kitu, nu maca dibéré kabébasan pikeun
nangtukeun amanat tina hiji sajak. Nu maca bébas nangtukeun amanatna.
Ngalarapkeun Harti
Konotatif jeung Dénotatif
Harti konotatif (injeuman,
kiasan) nyaéta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud, tapi
ngandung rasa atawa tapsiran kana barang séjén. Ari harti dénotatif (saujratna,
sabenerna) nyaéta harti anu langsung nuduhkeun maksudna.
Contona:
1.
(a) Ngasaan lah kuéh téh ngeunah henteu?
(b) Kang
Rusdi téh ayeuna mah geus hirup ngeunah.
2.
(a) Mang Adun keur mancing di walungan.
(b) Pulisi
keur mancing rampog supaya kaluar
tina panyumputan.
3.
(a) Tadi balik ti sakola, Nanang nincak beling.
(b) Ari
geus beunghar mah kalah nincak, nepi
ka dulurna ngarasa kahina.
Katerangan :
a : harti dénotatif
b :
harti konotatif

Tidak ada komentar:
Posting Komentar