PAMAREKAN RÉTORIKA




PAMAREKAN RÉTORIKA

1.      Pamarekan Ma’na
                  I.A. Richard salah saurang ahli basa nu nepikeun pamanggihna ngeunaan ma’na  basa salaku alat komunikasi masarakatna dina kahirupan sapopoé. Ieu dihandap ditetelakeun sababaraha hal anu patalina jeung ma’na diantarana :
a.       Rétorika salaku kajian ngeunaan kasalahpahaman katut tarékah pikeun mahingna. Kukituna perlu maham ngeunaan ma’na kecap jeung susunan kalimah nu dikedalkeun dina kagiatan nyarita sangkan henteu timbul kasalahpahaman
b.      Kecap mangrupa simbol nu ngawakilan atawa nu ngacu kana barang, hal atawa maksud anu dituju.
c.       Ma’na anu dipaké atawa ditujukeun kana hiji hal gumantung kana pangalaman urang dina mangsa katukang.
d.      Ngagunakeun métafora, babandingan pikeun hiji hal atawa barang kaasup perkara anu penting dina kagiatan nyarita.

2.       Pamarekan Ajén
                Saurang komunikator kudu ngabogaan rangkay acuan anu sistem ajén (nilai) nu luyu jeung tata krama atawa étika nu aya dina masarakat. Tokoh-tokoh anu ngasongkeun pamadegannana ngeunaan pamarekan ajén étika dina rétorika nya éta Karl Wallace, Richard Weaver, Wayne Minnick jeung Richard Murphy.
                Aya sababaraha pituduh nerapkeun étika dina rétorika diantarana :

a.       Ngutamakeun kapentingan paregep tinimbang kapentingan pribadi
b.      Sawajarna sarta ngajauhan sikep anu kamuflase
c.       Nepikeun saran-saran anu matak nyaangkeun pikiran paregepna
d.      Gunakeun basa anu jelas, teges, sarta pinuh ku kawijaksanaan
e.       Kaji masalah kalawan soson-soson di barengan ku asak-asak tinimbangan
f.       Nembongkeun sikep anu netral
g.      Ulah ngahalalkeun sagala cara enggoning ngahontal tujuan.

3.      Pamarekan Motif
                  Pamikiran-pamikiran Kenneth Burke ngeunaan pamarekan motif dina rétorika diantarana :
a.       Motif mangrupa tanaga anu ngadorong jeung mangaruhan komunikator dina rétorika upamana motif pikeun nepikeun pedaran, mere wawaran, jste.
b.      Sumber-sumber anu jadi rujukan jadi motif kuat anu ngarojong kalancaran kagiatan rétorika. Ku kituna salaku komunikator kudu loba reférénsi atawa sumber bacaan.
c.       Sangkan matéri anu di informaikeun kaharti, motif ngaluyukeun diri masing-masing komunikan (panyatur-paregep) perlu di bina dina kagiatan rétorika.

4.      Pamarekan cara pikeun nyangking pangaweruh
                  Tujuan dina rétorika nya éta pikeun ngébréhkeun bebeneran. Pikeun maluruh bebeneran pangaweruh dimekarkeun metodeu-metodeu ilmiah sperti metodeu deduktif, induktif atawa silogisme jeung entimen. Éta metodeu dipake pikeun cara nalar dina maluruh bebeneran.
                  Sajaba ti éta dina pamarekan cara pikeun nyangking pangaweruh dimekarkeun delivery nya éa kumaha carana sangkan bebeneran téh teu kaleungitan enas-enasna atawa ésénsi nu jadi dadasarna. Ku kituna dimekarkeun téhnik koléksi, réduksi, seléksi, déskripsi, konklusi data atawa masalah. Éta tehnik saéstuna geus asup kana prosés rétorika dina pidangan lisan jeung tulisan.
                  Rétorika mangrupa jalan pikeun nyangking jeung nyiptakeun pangaweruh jeung bebeneran. Moal aya bebeneran anu sipatna apriori lantaran pangaweruh jeung bebeneran kudu di kaji kalawan kritis dina prosés rétoris. Prosés rétorik teu ngan saukur museur kana ngahontal tujuan kalawan persuasif, tapi utamana mah leuwih loyog kana prosés kacangkingna pangaweruh jeung bebeneran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar