Bab 7 Tokoh - Tokoh Retorika
Rétorika
di Yunani raket pisan patalina jeung Kaum Sophist anu sacara harfiah
hartina ‘mawa kawijaksanaan’ nu dina basa Yunani mah miboga harti
‘pangaweruh’ anu asal tina kecapsophos. Anu kaasup kelompok Kaum
Sophist nya éta guru-guru anu nguriling ti hiji tempat ka tempat séjénna
pikeun ngajar ngeunaan élmu rétorika, tatabasa, seni, drama,
arsitéktur, jeung sababaraha cabang élmu séjénna. Kiprah éta kaum henteu
lila lantaran kagiatan ngajarna loba dipatalikeun jeung kapentingan
bisnis.
Sabada Kaum Sophist aya tokoh rétorika di jaman Yunani anu kawéntar di antarana:
1. Gorgias
Georgias
ngawanohkeun pentingna sora basa salaku unsur nu nguatan kana tuturan
atawa ucapan. Gorgias ogé ngabogaan pamadegan yén puisi nya éta prosa nu
ngabogaan lagu.
2. Isocrates
Nétélakeun
yén rétorika mangrupa hiji kamampuh seni (prosés kréatif) jeung
mangrupa élmu anu kaidah-kaidahna henteu kaku. Isocrates ngawanohkeun
tilu aspék nu aya dina rétorika nya éta bakat, pangalaman atawa prakték,
jeung atikan.
3. Plato
Plato ngasongkeun pamikiran-pamikiran ngeunaan norma atawa kaidah rétorika, nya éta:
- Panyatur nu hadé nya éta anu neuleuman matéri nu dicaturkeun;
- Ahli
rétorika kudu nyaho kana poko-poko matéri kalawan logis, runtuyan
caritaan ti nu umum ka nu husus, ngelompokkeun, nyaho kana matéri nu
bisa dipadungdengkeun jeung henteu;
- Panyatur kudu weruh kana prinsip-prinsip nyusun bahan pidato;
- Saurang
ahli rétorika kudu weruh kana hakékatna manusa, ngawasa cara-cara
ngatur jalma sarta suasana jiwa katut basana, ngelompokkeun dumasar
sipat-sipatna, paham naha aya sakelompok jalma nu bisa dipersuasi jeung
henteu’
- Kudu ngawasa gaya basa jeung cara nepikeunana;
- Kudu ngabogaan moral nu alus tur luhung, mikirkeun naon anu ditepikeun téh mangrupa hal anu bener.
4. Aristoteles
Nurutkeun Aristoteles dina (Haérudin jeung Suhérman, 2013: 62) nétélakeun yén rétorika mangrupa counterpart (pasangan)
dialéktika. Boh rétorika boh dialéktika nya éta cara ngajelaskeun hiji
masalah. Rétorika medar perkara persuasi (bukti) dina hiji situasi nu
tangtu, sedengkeun dialéktika medar perkara panalaran.
Aristoteles ngabogaan pamadegan yén rétorika mangrupa kamampuh seni nu ngabogaan sababaraha mangpaat pikeun:
- Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan sarta numpas kabodoan jeung kadoliman
- Nepikeun informasi jeung cara-cara nu luyu pikeun masarakat umum
- Ngajamin yén teu aya argument nu dipopohokeun sabab rétorika nalungtik hiji masalah tina dua sisi
- Pikeun mertahankeun diri tina panarajang nu teu adil.
Cindekna opat hal utama nu ditepikeun diluhur ngawengku: menerkeun, maréntah, ngarojoong, jeung mertahankan.
5. Cirero
Aya sababaraha konsép hasil pamikiran Cirero ngeunaan rétorika
1).
Anu ngabédakeun manusa jeung sato nya éta basa, sedengkeun anu
ngabédakeun hiji jalma jeung séjén nya éta kamampuh ngagunakeun basa nu
leuwih hadé.
2). Kamampuh nyarita ngabogaan pungsi pikeun mérsuasi audience.
3). Rétorika diwangun ku sababaraha bagian, nya éta:
- invention (manggihkeun) nya éta argumen nu bener sarta bisa dijadikeun argumentative bakal ditarima;
- arragement (susunan), nya éta distribusi argument anu disusun kalawan merenah;
- style (gaya basa) nya éta merenahna ngagunakeun gaya basa luyu jeung matéri nu kapanggih;
- memory (daya cangkem), nya éta kamampuh nginget matéri jeung basa;
- delivery (midangkeun)
nya éta ngawasa unsur-unsur basa jeung gerak anggota badan luyu jeung
matéri katut ragam basa nu digunakeun dina komunikasi.
4). Oriéntasi pidato nu diwangun ku genep bagian:
- Exordium (bubuka pikeun museurkeun perhatian),
- Naratio (midangkeun matéri nu dipedar),
- Partito (bagian-bagian tina pedaran anu diwangun ku bab-bab jeung subbab),
- Conformation (argument nu ngadeudeul kana pedaran),
- Refutio (argument pikeun ngayakinkeun lawan nyarita),
- Peratorio (midangkeun kacindekan matéri)
6. Quintilan
Aya sababaraha konsép hasil pamikiran Quintilan anu patalina jeung rétorika:
a).
Rétorika enasna mah mangrupa kamampuh seni, nya éta seni nyarita nu
hadé, nu ngabogaan ajén moral sarta dibarung ku rasa tanggung jawab.
b). Rétorika mangrupa widang studi ngabogaan ajén ilmiah.
c).
Rétorika ngabogaan kabeungharan kecap nu unik sarta katégori system nu
diwangun ku unsur-unsur pangwangun wacana jeung kaidah-kaidah pikeun invention, disposition, elucotion, memoria, jeung pronunciatio.
d).
Rétorika patalina jeung persuasi, nya éta nepikeun pesen komunikasi
jeung ngagunakeun basa kalawan épéktip sarta kacangking, kaharti, jeung
katarima ku audience.
e). Dina persuasi diperlukeun argument atawa nu disebut proof, boh anu artistic boh non artisitik.
f).
Diménsi étika mangrupa aspék nu utama dina rétorika. Ku sabab kitu
rétorika lain sakadar ngulik ngeunaan makéna basa, ngagunakeun gaya basa
jeung cara midangkeunana.
7. James A Winans
Winans
nepikeun ngeunaan wangenan persuasi mangrupa prosés numuwuhkeun
perhatian nu nyumponan sababaraha aspék, di antarana ngahudang émosi ku
rupa-rupa motif psikologis, kayaning kapentingan pribadi, kawajiban
sosial jeung kawajiban agama.
8. Charles Henry Woolbert
Logika dina rétorika minangka dasar utama pérsuasi. Dina nyusun rarancang pidato kudu merhatikeun sawatara hal:
- Nalungtik tujuanna
- Mikanyaho masarakat jeung situasi tempat nyarita
- Nangtukeun proposisi nu cocog jeung masarakat katut situasina
- Pilih kalimah-kalimah nu merenah jeung logis
9. William Noorwood Brigance
Dina rétorika leuwih ngutamakeun faktor kahayang minangka dadasar pérsuasi, anu ngawengku:
- Rebut perhatian paregep
- Usahakeun paregep pikeun percaya kana kamampuh jeung karakter urang
- Nyaluyukeun dasar pamikiran urang dumasar kahayang jeung harepan , sarta
- Ngamekarkeun unggal gagasan luyu jeung sikep paregep
10. Alan H. Monroe
Monroe
jeung stafna nalungtik prosés motivasi. Jasa Manroe nu kawilang gedé
nya éta cara organisasi pesen. Ceuk Monroe, pesen kudu disusun dumasar
prosés mikir manusa nu disebutnamotivated sequence.
DAPTAR PUSTAKA
Haérudin, Suhérman. 2013. Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung : JPBD FPBS UPI
Share:


0 komentar:
Posting Komentar