PANGAJARAN NYARITA




PANGAJARAN NYARITA
12.1 RAGAM SENI NYARITA
                Ragam seni nyarita dibagi jadi dua bagian, nya éta nyarita di hareupeun masarakat umum (public speasking) jeung nyarita dina kagiatan sawala atawa gempungan husus (conference speaking).
1) Nyarita di hareupeun masarakat umum (public speaking).
(a) Nyarita pikeun ngalaporkeun nu sipatna informative (information speaking).
(b) Nyarita pikeun kapentingan kulawarga jeung sosobatan (fellowship speaking).
(c) Nyarita pikeun ngayakinkeun, ngadosok, jeung ngajak (peruasive speaking).
(d) Nyarita pikeun ngabadamikeun, ngarundingkeun, atawa nyawalakeun (deliberative speaking)

2) Nyarita dina acara sawala atawa gempungan husus (conference speaking)
(a) Sawala (diskusi) kelompok (group discussion)
                1. Teu resmi (informal)
                1) kelompok diskusi
                2) kelompok nu nangtukeun kawijakan
                3) komik (komite)
                2. Resmi
                1) konferensi
                2)diskusi panel
                3)symposium
(b) Prosedur parlementer (parlementerary procedure)
(c) Debat

12.2 NYARITA DINA PANGAJARAN BASA
                Dina widang pangajaran, nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Aktivitas pembelajaran bisa mangrupa :
·         Nyarita pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang.
·         Nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman,
·         Pidato, ngadongéng,
·         Diskusi/sawala,
·         Nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara,
·         Ngawawancara,
·         Nyarita dina telepon,
·         Ngobrol, ngawangkong, silihtanya, paguneman, jeung sajabana.
Dina widang atikan disakola, pembelajaran ngagunakeun basa lisan téh dilatih ku rupa-rupa téknik latihan nyarita, di antarana waé :
·         Ngawanohkeun diri,
·         Midangkeun pakta,
·         Nyieun atawa medar hiji hal
·         Ngalaporkeun hiji hal,
·         Ngoméntaran,
·         Ngaréproduksi, jeung
·         Nyarita tatalépa.
12.3 METODEU NYARITA
                Metodeu nyarita anu ceuk mulgrave dina Tarigan (1981:22-23) dibagi jadi opat rupa, nya éta :
(1) métodeuo ngadaadk (impromptu)
(2) métodeu naskah (manuscript)
(3) métodeu tanpa persiapan (ékstémporaneus), jeung
(4) métodeu ngapalkeun (memory)
12.4 METODEU PANGAJARAN NYARITA
                Métodeu pangajaran nyarita dibagi jadi tilu bagian, nya éta : terpimpin, semi terpimpin, jeung bébas.
(1) métodeu terpimpin.
                Rupa-rupa cara dina nyarita ngagunakeun métodeu terpimpin, diantarana :
·         maluruh heula hiji objék picaritaeun,
·         nyaritakeun objék nu kungsi ditingalina,
·         ngaréproduksi tina hasil bacaan,
·         paguneman dialog nu diterangkeun
·         latihan nyarita ku cara kaulinan,
·         nyuusun kalimah,
·         nyieun parapse,
·         ngadongéng,
·         téhnik tembang jeung ngawih,
·         macapat, jsté
(2) Métodeu semi terpimpin
                Rupa-rupa cara dina nyarita ngagunakeun métodeu terpimpin, diantarana :
·         réproduksi  informasi tina sumber wacana nu dilisankeun,
·         caritadumasar gambar,
·         nyaritakeun deui inpormasi ku cara tatalepa,
·         ngalaporkeun deui isi bacaan, jeung
·         ngalaporkeun eusi pidato.
(3) Métodeu Bébas
                Kagiatan nu aya dina ieu métodeu nya éta : 1)pidato/bianara, 2) wawancara, jeung 3) diskusi/sawala/gunem catur

12.5 NYARITA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA
                Peta basa atawa peta nyarita di masarakat sunda mah geus natrat aya di beh ditu  mula kekecapan model. Hade ku omong goring ku omong, hade gogog hade tagog, hade tata hade basa, mipit kudu amit ngala kudu menta, biwir nyiru rombengeun, biwirteu diwengku letah teu tulangan, bentik curuk balas nunjuk. Jste.
12.6 NYARITA JEUNG PRAGMATIK
1) Bagbagan Makena basa
 (a) Deixis
                Deixis(deiksis) nya eta hal atawa fungki anu nuduhkeun nanaon/rupa-rupa hal diluareun basa; contona kecap oanuduh jeung kecap gaganti. Deiksis bisa di pasing-pasing jadi : deiksis personal, deiksis waktu, deiksis tempat, deiksis social, jeung deiksis discourse.
 (b) convensional Implicature
                Implikatur konvensional nya eta bagbagan milih kecap atawa ungkara, upamana bae metafora bakal ngagunakeun kecap atawa ungkara anu beda jeung kecap atawa ungkara anu beda jeung kecap atawa objek anu beda, dumasar kana babandingan atawa sasauraanana.
 (c) presuppotion
                Mangrupa pikiran atawa panyangka anu aya patalina jeung kamustahilan bisa kajadian (defeasibibily), maslah proyeksi atawa nonjolkeun hiji hal, jeung rupa-rupa katerangan anu ngajentrekeun.
 (d) speech act atawa speech event
                Salawasna kapangaruhan ku faktor-faktor kagiatan ngagunakeun basa, anu ngawengku 1.setting and scene, 2. Participant, 3. End, 4. Act sequences, 5. Key, tone or spirit of act, 6. Instrumenalities, 7. Norm of interaction and interpretation, 8. Genres.
 (e) conversational structure
                Adeganana bakalan beda-beda gumantung kana faktor anu aya dina kagiatan ngagunakeun basa saperti diluhur.
2) Aspek-aspek pragmatik
                Sawatara aspek anu kaasup kana pragmatik saperti dihandap :
a. aspek sosialisasi
b. aspek intelektual
c. aspek emosional
d. aspek informasi factual
e. aspek ngarengsekeun hiji masalah
f. aspek moral
3) tatakrama dina nyarita
                Tatakrama disebut oge etiket (prancis) hartina aturan kabiasaan jeung cara-cara hirup masarakat di hiji wewengkon. Istilah tata (kawi) hartina adat, aturan, beres jeung karma (sansakerta) hartina sopan atawa lemes.
Aya sawatara orientasi anu ngarojong kana lancarna nyarita, di antarana wae :
1. orientasi materi
2. orientasi tempat/waktu
3. orientasi alat bantu
4. orientasi audience

Tidak ada komentar:

Posting Komentar