RÉTORIKA JEUNG KOMUNIKASI





RÉTORIKA JEUNG KOMUNIKASI

                        Rétorika mangrupa hiji prosés komunikasi anu dinamis. Komunikasi dina kahirupan manusa diwangun ku :
1.      Komunikasi antar sasama manusa katut masarakatna
2.      Komunikasi manusa jeung lingkungan katut alamna
3.      Komunikasi manusa jeung allah swt, nu nyiptakeunana
                  Hakékat rétorika nya éta prosés komunikasi anu ngabogaan sistem (sistematis), maksudna hiji beungkeutan anu ngandung sajumlah komponén anu ngabogaan peran jeung pungsi anu tangtu. Komponen-komponen prosés rétoris nya éta
1.      Panyatur
2.      Pesen komunikasi
3.      Saluran atawa chanel
4.      Alam semesta (universal) makro atawa mikro
5.      Paregep
                  Salian ti éta rétorika ogé ngabogaan sajumlah substansi, nya éta:
a.       Daya nalar anu hadé
b.      Materi premis
c.       Basa
d.      Étika
                  Pikeun ngalaksanakeun kahayangna, panyatur kudu ngawasa éta substansi rétorika. Ku ngawasa substansi rétorika anu sumberna dina universe, panutur nangtukeun pesen-pesen nu bakal di tepikeun dina komunikasi ngaliwatan prosés rétoris. Dina éta pesen ngandung téma utama, bisa mangrupa ide, pamadegan, karep, kahayang, parasaan jeung informasi. Sangkan paregep wanoh jeung paham kana éta téma utama perlu id rojong ku sajumlahing materi jeung arguméntasi anu rélévan.
                  Nepikeun pesen komunikasi bisa dilakukeun ku cara langsung saperti adu hareupan jeung cara teu langsung saperti ngagunakeun saluran atawa chanel anu tangtu, kayaning media cétak, tv, jsb. Kahontal henteuna tujuan komunikasi gumantung kana paregep/pamaca ngawasa henteuna, nyangking henteuna, ngarti atawa maham henteuna sakur informasi anu katarimana. Lanataran kitu, peranan paregep kacida penting jeung nangtukeun pisan dina sistem komunikasi. Ku kituna paregep ogé kudu ngawasa substansi rétorika sakumaha ditétélakeun saacanna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar