SAWALA KELOMPOK
A. Unsur-Unsur
dina Sawala Kelompok
Dina sawala kelompok biasana sok
diwangun struktur organisasi panyaturna, aya ketua, moderator (panumbu catur),
jeung notulis/notulén.
1)
Ketua
Lumangsungna sawala ditangtukeun ku
kaparigelan ketua, ku kituna etua miboga tugas nu kudu diperhatikeun nya éta
:
·
Tatahar
sakur anu diperlukeun dina sawala
·
Ngumumkeun
topik atawa judul masalah jeung tujuan sawala
·
Netepkeun
/ nyadikeun waktu pikeun sagala kagiatan sawala
·
Ngatur
jeung ngajaga lumangsungna sawala nepi ka réngsé
·
Ngajaga
minat jeung karep pamilon sangkan tetep sumanget
2)
Pamilon
atawa partisipan
Aya sababaraha hal anu kudu di
perhatikeun ku pamilon ogé diantarana :
·
Milu
andil kana lumangsungna sawala
·
Teu
nyarita saméméh dititah ku pingpinan sawala
·
Nyarita kalawan teges
(nanya, ngoméntar) tur ngayayay
·
Nepikeun eusi caritaan
ku fakta atawa data nu ngarojong kana eusi sawala
·
Daria salila
lumangsungna sawala
·
Ngaregepkeun kalawan
pinuh ku perhatian
·
Ngajaga sopan santun
·
Surti kana pamadegan
batur
B. Bangbaluh
jeung Cara Ngungkulanana dina Kagiatan Sawala
Sababaraha bangbaluh dina kagiatan saala
diantarana:
Ø
Gagal
maham masalah
Ø
Keukeuh
kana pamadegan pribadi
Ø
Gagal
ngabédakeun antara fakta jeung nu aya jeung pamikiran nu
sawala
Ø
Nyarita pikeun
kapentingan pribadi
Ø
Béda pamadegan lantaran
béda sudut pandang jeung argument
Ø
Ngagunakeun kekecapan
anu ngondang réaksi jeung konotasi séjén nu ngabalukarkeun patumpukna pamikiran
Sacara umum
pikeun ngungkulanna nya éta :
v
Ngarahkeun
panitén kana sagemblengna eusi sawala
v
Nyarankeun sangkan
sawala teu méngpar tina tujuan utama
v
Museurkeun konséntrasi
ikiran kana maslah nu hésé dipatotoskeun
v
Mahing loba teuing
nyarita
v
Nanyakeun sumber-sumber
informasi atawa argumen
C. Kritéria Anu Jadi Ukuran
Tina Sawala
1)
Patalina
jeung topik anu disawalakeun,saperti :
·
maham
henteuna masalah
·
titén
henteuna kana padungdengan
·
lancar atawa ngayayay
·
aya henteuna bukti
atawa fakta anu ngarojong
·
kekecapan anu
digunakeun umum atawa husus
·
putusan pribadi atawa
kelompok
2)
patalina jeung tehnik
anu digunakeun dina sawala, saperti :
·
nyarita sanggeus batur
cacarita
·
nyarita saperluna
·
ngoméntaran dumasar
data jeung fakta
·
nafsirkeun pamadegan
kalawan objéktif
·
rasional teu émosional
D. Rupa-Rupa Sawala Kelompok
1.
Diskusi Panel
Mangrupa salah sahiji kagiatan sawala anu diwangun
ku sababraha urang panelis salaku narasumberna. Kaonjoyan dina diskusi panel
nya éta :
a.
Materi
leuwih jembar sabab di pedar tina sababarah jihat
b.
Para
panelis salaku ahli dina widangna
c.
Katara
aya pro jeung kontra ti para pamilonna
d.
Kawangun
sistem bantahan, koméntar, jeung gugatan nu kuat
e.
Kabébasan dina nepikeun
sawangan
Sedengkeun
kahéngkéranna nya éta :
a.
Pamilon
jadi asa-asa dina nepikeun sawangan
b.
Modétrator
kudu bisa nyieun kacindekan sorangan
c.
Kudu bener-bener milih
modérator anu dianggap mampuh dina masalah anu dipedar
d.
Sok aya nu kasigeung
lantaran kadésah pamadegan
e.
Dibutuhkeun panélis anu
satata.
2. Brainstorming
Mangrupa salah sahiji metodeu sumbang
saran dina raraga meunangkeun gagasan,pamadegan,informasi,pangaweruh,pangalaman
ti para pamilon anu kalibet dina éta sawala. Mimiti
dipikawanoh ti mangsa perang dunya ka II, dialpukahan ku Osborn. Sawala wangun
brainstorming miboga sababaraha modél diantarana :
1) Verbal barinstorming,
2) Nominal brainstorming
3) Elektrinical
brainstorming
Kaonjoyan
brainstorming nya éta :
a)
Ngalatih
mikir gancang tur logis
b)
Ngaronjatkeun
karep pamilon sangkan siap ngébréhkeun sawangan
jeung pamadeganna
c)
Numuwuhkeun kaayaan
démokratis jeung disiplin
d)
Ngaronjatkeun
partisipan pamilon
Sedengkeun kahéngkéranna nya éta :
a)
Pamilon
teu turut kana aturan
b)
Notulén
ngarobah ide anu diébréhkeun ku pamilon
c)
Pamilon teu mampuh
nengetan masalah tina sababaraha puseur panitén
d)
Aya prasaan sieun
salah, kurang antusias, sarta kurangna gawé bareng antar pamilon.
3. Debat
Debat
mangrupa kagiatan adu argumétasi antara dua pihak atawa leuwih pikeun
nyawalakeun jeung mutuskeun masalah jeung bédana pamadegan. Dina kamus basa
sunda R.A Danadibrata (2006:163) ditétélakeun yén kecap debat nya éta sawala
sok disebut ogé ngadebat, maduaan ; silih debat hartina adu rényom. Sedengkeun
dina KUBS (1980), kecap debat nya éta paadu, parebut bebeneran ku carita,
ngébréhkeun pamadegan,pamanggih, atawa tungtungna tina sarupaning perkara
supaya bisa netepkeun kumaha pihadéeunana.
Tina sawatara pamadegan diluhur bisa ditétélakeun yén
ngaliwatan sawala debat saéstuna mah mangrupa tarékah pikeun ngadéwasakeun dina
cara mikir jeung nyanghareupan ayana béda pamadegan. Ku cara debat bisa maluruh
jalan kaluarna hiji masalah
4.
Simposium
Mangrupa
sawala anu dijejeran ku sababraha urang ahli pikeun nepikeun biantara ngeunaan
rupa-rupa jejer caritaan dina hiji tema, sarta nu lilana diwatesan, upamana
5-15 menit. Ieu sawala diwangun ku pamingpin sawala, ahli jeung pamilon.
Dina kamus basa sunda R.A Danadibrata ditétélakeun yén
kecap symposium ngandung harti musyawarah pikeun nyodorkeun papahaman,
kayakinan ngeunaan hiji objék atawa masalah. Dina syimposium henteu
ngahasilkeun hiji kaputusan, tapi ngan meunang gambaran paham nu benang
ngabanding-banding ti ahlina nu nyodorkeun papahaman, kayakinan téa. Sarta
biasana dina interaksi antara para ahli jeung pamilon teu pati karep.
5.
Kolokium
Mangrupa
salah sahiji jenis sawala anu tujuan pikeun ngaréngsékeun rupa-rupa pasualan nu
aya dina hiji jejer anu jolna ti pamilon atawa paregep. Para ahli teu
nepikeun biantara tapi narima jeung
ngajawab pananya ti para pamilon ngeunaan jejer anu geus ditangtukeun dina ieu
sawala, interaksi antara para ahli jeung pamilon kacida karepna
6.
Fishbowl
Mangrupa
sawala anu diwangun ku sababaraha urang peserta nu dipingpin ku hiji ketua
pikeun néangan hiji kaputusan. Kecap fishbowl ngandung harti wadah lauk. Wangun
sawala model kieu kaasup salah sahiji metodeu pikeun nerapkeun pembelajaran
kooperatif. Padungdengan dina sawala fishbowl lumangsung sacara rasional jeung
émosional. Tema anu dipadungdengkeun upamana waé perkara undak usuk basa di
kalangan masarakat sunda . ieu matéri dipedar ku sababaraha ahli dina widang
basa, kalayan dibandungan ku paregep (bisa mahasiswa atawa masarakat umum).
7.
Sidang
Sidang mangrupa hiji riungan dina raraga ngarumasakeun
hiji perkara pikeun ngahontal mupakat. Nilik kana kapentingan jeung masalahna,
sidang ngawengku sababaraha rupa diantarana aya nu disebut sidang pleno, sidang
komisi, sidang kabinet, sidang paripurna, sidang luar biasa, sidang pangadilan,
jeung ujian sidang.
Salah sahiji rupa sidang nya éta sidang pléno, mangrupa
sidang anu dihadiran ku para anggota anu ditunjuk jadi wawakil atawa delegasi
ti unggal-unggal kelompok, daerah, organisasi, atawa partey. Iu sidang sok
disebut ogé sidang paripurna.
8.
Buzz
Group
Buzz Group asalna tina basa Inggris, nya éta kecap “buzz”
jeung “Group”. “buzz” hartina ngahiung (dengung) “group” hartina “Kelompok”.
Jadi bisa disebutkeun yén buzz group téh nya éta kelompok nu ngahiung. Pédah
salila lumangsung diskusi aya sora ribut kawas éngang nu ngahiung.
Buzz group kaasup kana sawala kelompok leutik minangka
salah sahiji cara anu di paké pikeun ngungkulan pasualan-pasualan nilik
sababaraha aspék jeung dilakukeun ku cara silih tuker pikiran sacara
sistematis, nu diwangun ku sababaraha kelompok ahli pikeun ngaréngsékeun hiji
masalah. Metodeu anu dipaké dina ieu sawala nya éta problem solving. Ieu sawala lumangsung dina waktu anu singget
pikeun nyawalakeun hiji pasualan, sarta néangan bongbolonganna.
9.
Policy
making group
Mangrupa
wangun sawala anu tujuanana pikeun nangtukeun kawijakan anu diwangun ku pamilon
saperti (ahli, akademisi, politikus, jsté). Dina ngaréngsékeun hiji masalah
atawa nangtukeun hiji kaputusan didasaran ku hasil pangamatannana. Para pamilon
policy making group ngayakeun padungdengan sacara rasional. Téma anu
dipadundengkeun dipedar ku sababaraha urang ahlina kalayan dibandungan ku para
paregep (bisa waé mahasiswa atawa masarakat umum).
10.
Roll
play
Mangrupa hiji kagiatan nyarita anu dirojong ku hiji
skenario. Dina roll play teu ukur
ngandeulkeun mahér nyarita, tapi ogé dibantu ku gerak peraga séjénna, kayaning
latar tempat jeung suasana nyarita. Roll
play bisa lumangsung dina hiji rohangan anu di tata husus atawa di alam
bébas. Matéri anu dipedar dina sawala model kieu biasana nu raket jeung
kagiatan kelompok gawé kayaning cara ngajar, cara tani, cara masak, déklamasi,
téater, jsb.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar