DIALOG
A.
Wangenan
Dialog
Numutkeun
élmu komunikasi anu disebut dialog téh nya éta élmu ngeunaan rupa-rupa kagiatan
nyarita nu dilakukeun ku papada jalma. Dina
kamus basa sunda sacadibrata (2005:348) aya kecap sawala nu hartina parebut
bebeneran; nyawalakeun; nyalahkeun pertimbangan batur; bari nerangkeun
pertimbangan sorangan; maduan.
Sacara étomologis kecap dialog diwangun ku dua
kecap nu asalna tina basa yunani, nya éta dié
(dia) nu hartina jalan baku; cara jeung logos
nu hartina kecap. Jadi singgetna mah
kecap dialog téh ngandung harti kumaha carana jalma ngagunakeun kecap.
Istilah dialog ceuk merriam dina (webster.com)
dihartikeun hiji paguneman timbal balik antara dua jalma atawa leuwih. Ari Hans
George Gadamer mah tina (kaosblog.com) ngagambarkeun dialog téh mangrupa hiji
prosés komunikasi anu dilaksanakeun ku
dua pihak nu papada paham kana pasualan anu keur disanghareupan kalayan muka
dirina pikeun narima cara pandang (kaman-dang) atawa saran ti batur nu diajak
dialog téh dijadikeun bahan tinimbangan
Cindekna yén nu disebut dialog téh nya éta kagiatan
nyarita anu diwangun ku sababaraha urang jalma pikeun madungdengkeun hiji
pasualan atawa prosés komunikasi anu dilakukeun ku dua pihak pikeun ngayakeun
tuker pikiran nu di pungkas ku ayana kasuluyuan ti dua belah pihak minangka
putusan ahirna.
B.
Prinsip-Prinsip
Dialog
Sacara umum aya sababaraha prinsip dina dialog nya
éta :
1) Aya
hiji masalah anu jadi jejer padungdengkeunana
2) Silih
tuker informasi jeung pamikiran dina wilayah pangalaman anu beda
3) Masing-masing
jalma anu kalibet bisa nepikeun jeung narima pamadegan
4) Nyiptakeun
hubungan anu harmonis sarta ngupayakeun lajuning laku tina hasil nu geus jadi
kamupakatan
5) Leuwih
ngutamakeun mikir rasional tinimbang émosi
C.
Unsur-Unsur
nu Ngawangun Prosés Dialog
Sawatara
hal umum anu kaasup kana unsur-unsur anu ngawangun dialog diantarana (1) ayana
jejer anu diadu-rényomkeun sarta (2)palaku, nya éta bisa diwangun ku pangjejer
atawa pamilon. Dina prungna dialog, aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun
sangkan nyumponan kaédah-kaédah kalawan sistematis jeung pragmatis, nya éta :
1) Ngabadamikeun
hiji topik
2) Tumuwuh
kasadaran pentingna ngaréngsékeun masalah
3) Masing-masing
boga hak pikeun nepikeun pamadegan
4) Aya
kasanggupan pikeun kompromi
5) Patuh
kana tata tertib sawala
6) Maham
kana masalah anu disawalakeun
7) Sanggup
mikir bébas jeung lugas
8) Mahér
ngaregepkeun, ngajéntrékeun, jeung nganalisis
9) Anggup
narima pamadegan batur nu bener
Lian ti éta aya sarana nu perlu aya dina dialog nya éta:
a) Jejer
dina makalah/ materi anu dipidangkeun
b) Aya
tanggapan jeung bahasan kana materi anu dipidangkeun nu ditepikeun ku panyatur
séjénna
c) Aya
tanggapan, patalékan, jeung koméntar séjénna ti pamilon
D.
Rupa-Rupa
Wangun Dialog
Istilah dialog leuwih anteub upama disebut diskusi
atawa sawala kelompok. Ieu dihandap aya sababaraha rupa wangun dialog
diantarana
·
Diskusi panel
·
Brainstorming
·
Debat
·
Simposium
·
Kolokium
·
Fishbowl
·
Sidang
·
Buzz
group
·
Policy
making group
·
Roll
play

Tidak ada komentar:
Posting Komentar