HAKÉKAT NYARITA
A. Nyarita
Mangrupa Prosés Komunikasi
Komunikasi
disebut ogé lumangsungna prosés nepikeun jeung narima amanat, talatah, omongan
atawa informasi anu dipilampah ku dua jalma atawa leuwih. Sedengkeun anu
dimaksud prosés té nya éta interaksi vérbal antara paregep jeung panyatur. Jadi
tegesna mah dina prosés komunikasi aya anu nyarita, nu ngaregepkeun jeung aya
nu dicaritakeun.
Kagiatan komunikasi nu
ilaharna dina kagiatan sapopoé lumangsung ngaliwatan basa, bisa ku cara lisan
atawa tulisan. Komunikasi lisan ilaharna disebut nyarita. Nyarita mangrupa
salah sahiji kamampuh ngagunakeun basa anu dipibanda ku unggal jalma. Hubungan
papada jalma moal bisa lumangsung kalawan normal saupamana teu dibarengan ku
ayana prosés nyarita, sabab kagiatan nyarita salawasna bakal karandapan dina
unggal aspek kahirupan. Ku kituna hakékatna mah nyarita téh mangrupa hiji
prosés komunikasi. Prosés komunikasi téh ku stuart jeung kenneth zimmer mah
disebutna amanat ti hiji sumber ka sumber séjén.
B. Watesan nyarita
C. Tujuan
Nyarita
Tujuan anu utama nyarita nya éta pikeun
komunikasi. Tujuan umumna nya éta pikeun :
1.
Ngarojong
2.
Ngayakinkeun
3.
Migawé
/ milampah hiji hal
4.
Ngalaporkeun
atawa nepikeun informasi
5.
Ngabubungah
atawa ngahibur batur,jsté
Sedengkeun
tujuan hususna nya éta diluyukeun jeung hal-hal anu rék dicaritakeun sarta
nyoko kana tujuan umum anu rék dihontal salila kagiatan nyarita lumangsung.
Dumasar
kana élmu komunikasi, tujuan nyarita dibagi jadi sababaraha bagian nya éta:
Ø
Nepikeun
informasi/ ngajar/ ngalatih
Ø
Méré
sumanget/ ngarojong
Ø
Ngarayu/
ngolo/ ngayakinkeun
Ø
Nalungtik
Ø
Ngahibur
Ø
Runding/
badami/ debat
Nyarita ogé miboga tujuan pikeun
ngalaporkeun bisa dilaksanakeun ku unggal jalma sacara individual atawa klompok
diantarana waé pikeun :
·
Nepikeun
pangaweruh
·
Nepikeun
hasil panalungtikan jeung pangalaman
·
Nerangkeun
atawa ngajéntrékeun hiji kajadian
·
Medar
atawa nafsirkeun hasil pangalaman maca hiji buku atawa tulisan
·
Nangtukeun
hubungan antara hiji barang jeung barang séjénna
Sajaba ti tujuan saperti anu di
tétélakeun di luhur nyarita ogé miboga fungsi pikeun:
1)
Miara
hubungan sosial
2)
Ngarawat/
ngariksa warisan budaya
3)
Ngaréalisasikeun
diri
4)
Dinamika
sosial
5)
Mindahkeun
ajén budaya
D. Mangpaat
Mahér Nyarita
1)
Ngurangan
rasa waswas jeung gugup dina nyanghareupan jalma réa
2)
Ngalatih
numuwuhkeun kapercayaan diri
3)
Ngalatih
téhnik sora/ artikulasi
4)
Nyangking
daya pérsuasi
5)
Ngabina
kamampuh pédagogis jeung psikologis
6)
Nambahan
pangaweruh kabeungharan kecap
7)
Ngabina
kamampuh ngaéksprésikeun diri
8)
Ngalancarkeun
prosés komunikasi
9)
Teu
hésé dina mangruhan jalma séjén
10) Miboga sikep silihajénan
11) Mibanda sikep positif ka sasama
12) Parigel sarta mibanda kakuatan dina
mertahankeun pikiran atawa pamadegan
13) Teu cupet jeung nutup diri
14) Ngalegaan pangaweruh hususna ngeunaan
sumber informasi
15) Lancar dina campur gaul jeung komunikasi
papada jalma.
16)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar