RÉTORIKA MINANGKA ÉLMU
Élmu pangaweruh sacara umum
dikelompokeun jadi tilu bagian, nya éta : kelompok élmu alamiah (natural
science), élmu sosial (social science), jeung pangaweruh budaya (the
humanities). Ilaharna hiji widang élmu hakékat gumulung tina tilu hal,
diantarana ngabogaan aspék ontologi,
epistimologi jeung aksiologi. Kitu ogé élmu rétorika,
ngabogaan objek, poko pasualan, atawa masalah anu dikajina (ontologi), ngabogaan metodeu anu
dimekarkeun (epistimologi), jeung
puguh atawa jelas mangpaatna (aksiologi).
1.
Sawangan Ontologi
Sacara
umum nu jadi objék, pasualan, atawa masalah anu dikaji dina élmu rétorika nya
éta manusa jeung caturnana atawa kagiatan nyaritana. Satuluyna éta poko
pasualan téh diwatesan jadi sababaraha hal, nya éta :
1)
Sawangan
rétorika ka manusa salaku panyatur
Sawangan manusa salaku panyatur bisa
dipaluruh ku sababaraha hal diantaran : (1)Manusa ngabogaan insting nyarita nu
teu dipibanda ku sato. Hartina manusa ngabogaan kakuatan pikeun ngawasa baa nu
jadi pakakas dina kagiatan nyarita. (2) manusa salaku mhluk nu ngabogaan simbol
hartina manusa ngabogaan kamampuh pikeun maham jeung ngagunakeun simbol-simbol
komunikasi nya éta basa. (3) manusa ngabogaan insting étis nu geus kapimilikna
ti mimiti dilahirkeun. (4) manusa boga kamampuh kajiwaan kayaning mikir,
ngarasa, imajinasi, kontémplasi jsb.
2)
Sawangan
manusa kana kagiatan nyaritana
Ku ayana élmu rétorika, motif tutur atawa
maksud nyarita diatur kayaning béntés, jeung bedasna sora, lagu atawa
lentongna, kasang tukang waktu jeung tempatna, tutur basana, pasemonna, katut
étika komunikasi séjénna.
3)
Sawangan
manusa kana basa
Dina ungkara basa sok aya nu ngandung
ma’na ganda atawa ambigu. Ku ayana élmu rétorika dipiharep bisa ngungkulan
timbulna kasalahpahaman maksud eusi caritaan nu aya dina komunikasi. Ku kituna
aya sababaraha aspek basa anu dikaji dina élmu rétorika nya éta : (1) milih
ragam basa, (2) milih matéri basa, (3) nata matéri basa, jeung (4) milih gaya basa.
4)
Sawangan
rétorika kana topik tutur
Topik tutur bisa diwangun ku buah pikiran,
ébréhan rasa, karep, imajinasi, fantasi, cita-cita, pangaweruh, pangalaman diri
pribadi, atawa jalma lianjeung lingkungan (mikro atawa makro). Nangtukeun topik
tutur sawadina perlu dihubungkeun kakaryaan katut situasi jeung kondisi dimana
lumangsungna kagiatan nyarita. Aristoteles netepkeun dua pamarekan dina
nangtukeun topik tutur diantarana (1) pamarekan ka jero nya éta nangtukeun
picaritaeun dumasar kana hal-hal nu aya dina sabudeureun topik. Jeung (2)
pamarekan ka luar nya éta nangtukeun picaritaeun dumasar kana hal-hal nu aya
dina saluareun topik.
5)
Sawangan
rétorika kana caritaan
Élmu
rétorika nétélakeun yén caritaan disebut hadé lamun mampuh ngawadahan sarta
nepikeun gagasan kalawan hadé tur bisa ditarima ku paregep atawa lawan nyarita.
Pikeun ngahontal éta hal, dina rétorika diatur kumaha carana saurang panutur nataharkeun
bahan picaritaeun, nata pibasaeun, sarta midangkeunana kalawan éféktif.
2. Sawangan
Épistimologi
Élmu rétorika ngabogaan metodeu anu
tangtu, utamana nu aya patalina jeung metode atawa cara nangtukeun bebeneran
dina nyarita. Rétorika salaku élmu awal mulana mekarkeun metodeu taxonomy dina
ngagarap poko masalah atawa jejer pasualan. Tina poko masalah diangkat jadi
topik caritaan. Dina nata pedaran atawa tuturan dianjurkeun pikeun mertahankeun
tilu aspék nya éta bubuka, eusi jeung panutup. Cicero mekarkeun jadi lima aspék
nya éta maluruh atawa invensi, disposisi, ékolusi, mémori, jeung midangkeun.
Dibagian ahir (panutup), cicero nekenkeun sangkan panyatur kudu bisa
ngaronjatkeun motivasi sarta ngarebut simpati paregepna.
3. Sawangan
Aksiologi
1)
Tujuan
rétorika
Aristoteles netepkeun yén tujuan rétorika
téh nya éta pikeun alat persuasi. Dina élmu rétorika nu di maksud persuasi nya
éta upaya pikeun nayakinkeun paregep kana bebeneran hiji gagasan tina jejer
caritaan nu ditepikeun ku panyaturna.
2)
Pungsi
rétorika
Enas-enasna mah pungsi rétorika téh pikeun
naaharkeun saran komunikasi kalawan hadé nya diantarana pikeun nyiapkeun
pangaweruh jeung ngaping calon panutur, sangkan nu jadi panutur lancar dina
ngahontal tujuan anu dipihareup
3)
Mangpaat
rétorika
Aristoteles netepkeun opat rupa mangpaat
rétorika nya éta :
a)
Ngaping
panutur pikeun nyokot putusan
b)
Ngaping
panutur pikeun milih argumen
c) Ngaping panutur pikeun mérsuasi,nyarita
rasional.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar