HAKÉKAT JEUNG KAMEKARAN RÉTORIKA




            HAKÉKAT JEUNG KAMEKARAN RÉTORIKA

A.    HAKÉKAT RÉTORIKA
a.       Wangenan Rétorika
                Numutkeun KBBI (1988:746), rétorika nya éta kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif; diajar ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan;seni pidato nu ngirut sarta ngandung sipat bombastis.
                Numutkeun keraf dina buku Panganteur Kaparigelan Nyarita(2013:5) nétélakeun yén rétorika téh mangrupa téhnik makéna basa pikeun nepikeun gagasan boh lisan boh tulisan didasaran ku pangaweruh ngeunaan nyarita jeung kamampuh nepikeun eusi caritaan kalawan ngéntép seureuh.
                Pamadegan séjénna aya ogé dina buku Panganteur Kaparigelan Nyarita (2013:5), nu di maksud rétorika ceuk D.Beckett mah nya éta seni pikeun ngaaféksi pihak séjén ku caritaan;cara pikeun merenahkeun unsur-unsur caritaan jeung réspon nu ngadéngé. Kitu deui ceuk Donald C.Bryant nétélakeun yén rétorika mangrupa caritaan nu ngandung informasi rasional ka jalma séjén sarta ditepikeun kalawan pérsuasip.
                Cindekna nu dimaksud rétorika nya éta mangrupa hiji tarékah nu dilakukeun ku panyatur (dina basa lisan) jeung panulis (dina basa tulis) dina milih wangun kekecapan nu dianggap éféktif sangkan paregep atawa nu maca museurkeun panitén (perhatian) kana informasi nu ditepikeun. Jadi hakékat rétorika téh nya éta kamampuh komunikasi kalawan éféktif nu ngagunakeun basa salaku alatna. 
b.      Tujuan Rétorika
                Nilik kana sababaraha aspék dina wangenan diluhur, rétorika téh miboga tujuan pikeun pérsuasi. Anu dimaksud pérsuasi nya éta timbulna kayakinan pangregep yén naon nu diomongkeun ku panyatur téh ngandung bebeneran.
c.       Fungsi Rétorika
                Fungsi rétorika numutkeun aristoteles dina Panganteur Kaparigelan Nyarita(2013:9), nya éta :
Ø  Miharep sangkan jalma anu diajak nyarita bisa nyindekkeun hiji masalah atawa kasus anu disanghareupanana.
Ø  Ngaping kondisi kajiwaan paregep.
Ø  Mingpin jalma dina nganalisis hiji kasus kalawan sistematis, éféktif, objéktif, tur pérsuasif.
    Pamadegan séjénna nétélakeun yén fungsi rétorika téh nya éta pikeun:
Ø  Padoman pikeun panyaturdina netepkeun hiji kaputusan.
Ø  Padoman pikeun panyatur sajeroning ngagunakeun basa nu hadé.
Ø  Alat pikeun panyatur dina mertahankeun diri ku cara ngasongkeun bebeneran, nepikeun alesan, jeung pamadegan anu logis dina kagiatan nyarita.
d.      Mangpaat Rétorika
Ø  Ngaronjatkeun kaparigelan biantaralain ukur pikeun panyatur tapi ogé pikeun paregepna sorangan
Ø  Ngaronjatkeun kaparigelan akademik jeung profésionalisme
Ø  Ngaronjatkeun kaparigelan diri dina ngayakeun hubungan sosial dina hirup kumbuh sapopoé di masarakat
Ø  Ngaronjatkeun kualitas komunikasi anu kiwari leuwih bébas jeung tanpa batas

B.     SEJARAH KAMEKARAN RÉTORIKA
a.       Rétorika Klasik
             Élmu rétorika mimiti gumelar jeung mekar di jaman Yunani. Tempat gumelarna rétorika nya éta di wewengkon Syracuse nu aya di daérah Sisilia. Tokoh nu munggaran nu nanjeurkeun rétorika nya éta Corax,saorang ahli nyusun argumen dina unggal gotra sawala (perdebatan) di lembaga-lembaga pamaréntah di jaman harita.
        Kamekaran rétorika raket patalina jeung situasi kahirupan masarakat sarta mekarna kabudayaan. Kamekaran rétorika klasik di yunani jeung romawi kuno nuduhkeun yén sistem pamaréntahan jeung sistem pangadilan anu di anut jaman harita,sarta sawangan masarakat ngeunaan pendidikan mangaruhan kana kamekaran rétorika. Kitu ogé sabalikna, rétorika némbongkeun peranan penting dina robahna sistem kahirupan masarakat. Nepi ka aya na téori-téori nu kawilang penting dina rétorika ti plato, Aristoteles, jeung Cicero. 
b.      Rétorika Abad Pertengahan
            Dina abad pertengahan kahiji (40-500) sistem pamaréntahan di yunani baganti ku ayana pamaréntahan kakaisaran. Kabébasan mikir, debat jeung kabébasan nyarita lianna nu patalina jeung rétorika musnah. Peran rétorika leuwih dominan dina widang gaya basa jeung seni pintonan. Jalma anu ngarulik élmu rétorika atawa nu miboga kaparigelan nyarita kawilang langka.
            Sapanjang abad pertengahan kadua (400-1400) , élmu rétorika umumna dimekarkeun di geréja tur di paké jadi seni nyarita dina hutbah. Harita élmu hutbah téh mekar pisan sarta aya dina papayung Ordo Dominikan.Tokoh-tokoh rétorika di ieu jaman diantarana Tertulianus (150-230), Lactantius (260-320), Aurelius Agustinus (354-430), Hironimus (348-420), Yohanes Chrisostomus(344-407), Paus Urbanus ka-2, Bernadus jeung Petrus.
c.       Jaman Renaisans jeung Humanisme
         Jaman renaisans mekar di Italia ti mimiti abad ka-14 nepi ka abad 16. Karya tulis ngeunaan élmu rétorika,dialéktika,seni sastra,filsafat jeung pendidikan mekar pisan,salah sahiji na nya éta aya buku Rhetorike and Herennium taun 90 M nu eusina nganjurkeun sangkan digunakeun deui rétorika.
            Di jaman ieu ogé kapanggihna alat tulis cétak jeung ngésérna kagiatan rétorika, lain ukur rétorika lisan tapi ogé ayana rétorika tulisan. Ceuk syafiie dina Panganteur Kaparigelan Nyarita (2013:19) aya sababaraha tokoh di ieu jaman diantarana Poggio Bracciolini (1380-1459), Vala (1407-1457), Philip Melanchthon (1497-1560).
d.      Rétorika Modéren
         Rétorika modéren dihartikeun mangrupa seni nyarita atawa kamampuh nyarita jeung hutbah. Dijaman modéren loba tokoh rétorika nu kasohor ti unggal nagara nu didasaran ku ayana rupa-rupa kajadian “pergerakan” di hiji nagara.
         Di Perancis aya “Gerakan Humanisme” nu ngalahirkeu tokoh-tokoh humanisme dina widang sastra diantarana Mirabeaus (1749-1791), Napoleon Bonaparte (1769-1821), jeung Charles de Gaule (1890-1970).
          Di inggris ti mimiti mangsa jayana Ratu Elisabet, salila révolusi puritanis, antara abad ka-17 nepi abad ka-19, mangsa kajayaan Viktoria,mangsa abad XX, jeung David Lioyd (1863-1945).
         Di Jerman kaparigelan nyarita mimiti mekar di mimbar-mimbar geréja. Tokoh-tokoh rétoris anu gedé pangaruhna nya éta Martin Luther, Adolf Hitler (1889-1945), Herman Georing (1893-1946), Joseph Gobbles (1897-1945).
           Di Amerika aya tokoh penting nya éta Patrick Henerg jeung Quincy Adam (1767-1848). Salila perang sodara (1861-1865) ogé muncul para ahli pidato diantarana Henry Clay (1861-1865), Jhon Calloun (1782-1850), Danil Webster (1782-1852), Abraham Lincoln (1809-1865). 
e.       Rétorika Abad ka-20
           Di awal abad ka-20 kajian ngeunaan rétorika teu ngan saukur lumangsung d benua Eropa, tapi ogé di Amerika. Ahir abad ka-19 di amerika di adegkeunna paguron luhur nu muka jurusan kajian ngeunaan rétorika. Awal kamekaran rétorika di Amerika masih katara pamikiran-pamikiran pangaruh tina rétorika klasik jeung modéren. Dina abad ka-20 tokoh rétorika nu kawéntar di Amerika nya éta Theodore Roosevelt, présidén Amerika nu ka-26 jeung Franklin Delano Roosevelt,présidén Amerika nu ka-30 sarta  Jhon Fizgerald Kennedy (1917-1963).

Référénsi :
Haerudin, Dingding & Agus Suherma. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita.
                 Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan 
                 Bahasa dan Sastra   Universitas Pendidikan Indonesia

1 komentar: