HAKÉKAT JEUNG KAMEKARAN RÉTORIKA
A. HAKÉKAT
RÉTORIKA
a. Wangenan
Rétorika
Numutkeun KBBI
(1988:746), rétorika nya éta kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif;
diajar ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan;seni pidato nu ngirut
sarta ngandung sipat bombastis.
Numutkeun keraf dina buku Panganteur Kaparigelan Nyarita(2013:5) nétélakeun yén rétorika téh
mangrupa téhnik makéna basa pikeun nepikeun gagasan boh lisan boh tulisan
didasaran ku pangaweruh ngeunaan nyarita jeung kamampuh nepikeun eusi caritaan
kalawan ngéntép seureuh.
Pamadegan séjénna aya ogé dina buku Panganteur Kaparigelan Nyarita (2013:5),
nu di maksud rétorika ceuk D.Beckett mah nya éta seni pikeun ngaaféksi pihak
séjén ku caritaan;cara pikeun merenahkeun unsur-unsur caritaan jeung réspon nu ngadéngé.
Kitu deui ceuk Donald C.Bryant nétélakeun yén rétorika mangrupa caritaan nu
ngandung informasi rasional ka jalma séjén sarta ditepikeun kalawan pérsuasip.
Cindekna
nu dimaksud rétorika nya éta mangrupa hiji tarékah nu dilakukeun ku panyatur
(dina basa lisan) jeung panulis (dina basa tulis) dina milih wangun kekecapan
nu dianggap éféktif sangkan paregep atawa nu maca museurkeun panitén (perhatian) kana informasi nu ditepikeun.
Jadi hakékat rétorika téh nya éta kamampuh komunikasi kalawan éféktif nu ngagunakeun
basa salaku alatna.
b. Tujuan
Rétorika
Nilik
kana sababaraha aspék dina wangenan diluhur, rétorika téh miboga tujuan pikeun
pérsuasi. Anu dimaksud pérsuasi nya éta timbulna kayakinan pangregep yén naon
nu diomongkeun ku panyatur téh ngandung bebeneran.
c. Fungsi
Rétorika
Fungsi
rétorika numutkeun aristoteles dina Panganteur
Kaparigelan Nyarita(2013:9), nya éta :
Ø Miharep
sangkan jalma anu diajak nyarita bisa nyindekkeun hiji masalah atawa kasus anu
disanghareupanana.
Ø Ngaping
kondisi kajiwaan paregep.
Ø Mingpin
jalma dina nganalisis hiji kasus kalawan sistematis, éféktif, objéktif, tur
pérsuasif.
Pamadegan
séjénna nétélakeun yén fungsi rétorika téh nya éta pikeun:
Ø Padoman
pikeun panyaturdina netepkeun hiji kaputusan.
Ø Padoman
pikeun panyatur sajeroning ngagunakeun basa nu hadé.
Ø Alat
pikeun panyatur dina mertahankeun diri ku cara ngasongkeun bebeneran, nepikeun
alesan, jeung pamadegan anu logis dina kagiatan nyarita.
d. Mangpaat
Rétorika
Ø Ngaronjatkeun
kaparigelan biantaralain ukur pikeun panyatur tapi ogé pikeun paregepna
sorangan
Ø Ngaronjatkeun
kaparigelan akademik jeung profésionalisme
Ø Ngaronjatkeun
kaparigelan diri dina ngayakeun hubungan sosial dina hirup kumbuh sapopoé di
masarakat
Ø Ngaronjatkeun
kualitas komunikasi anu kiwari leuwih bébas jeung tanpa batas
B. SEJARAH
KAMEKARAN RÉTORIKA
a. Rétorika
Klasik
Élmu
rétorika mimiti gumelar jeung mekar di jaman Yunani. Tempat gumelarna rétorika
nya éta di wewengkon Syracuse nu aya di daérah Sisilia. Tokoh nu munggaran nu
nanjeurkeun rétorika nya éta Corax,saorang ahli nyusun argumen dina unggal
gotra sawala (perdebatan) di lembaga-lembaga pamaréntah di jaman harita.
Kamekaran
rétorika raket patalina jeung situasi kahirupan masarakat sarta mekarna
kabudayaan. Kamekaran rétorika klasik di yunani jeung romawi kuno nuduhkeun yén
sistem pamaréntahan jeung sistem pangadilan anu di anut jaman harita,sarta
sawangan masarakat ngeunaan pendidikan mangaruhan kana kamekaran rétorika. Kitu
ogé sabalikna, rétorika némbongkeun peranan penting dina robahna sistem kahirupan
masarakat. Nepi ka aya na téori-téori nu kawilang penting dina rétorika ti
plato, Aristoteles, jeung Cicero.
b. Rétorika
Abad Pertengahan
Dina
abad pertengahan kahiji (40-500) sistem pamaréntahan di yunani baganti ku ayana
pamaréntahan kakaisaran. Kabébasan mikir, debat jeung kabébasan nyarita lianna
nu patalina jeung rétorika musnah. Peran rétorika leuwih dominan dina widang
gaya basa jeung seni pintonan. Jalma anu ngarulik élmu rétorika atawa nu miboga
kaparigelan nyarita kawilang langka.
Sapanjang
abad pertengahan kadua (400-1400) , élmu rétorika umumna dimekarkeun di geréja
tur di paké jadi seni nyarita dina hutbah. Harita élmu hutbah téh mekar pisan
sarta aya dina papayung Ordo Dominikan.Tokoh-tokoh rétorika di ieu jaman
diantarana Tertulianus (150-230), Lactantius (260-320), Aurelius Agustinus
(354-430), Hironimus (348-420), Yohanes Chrisostomus(344-407), Paus Urbanus
ka-2, Bernadus jeung Petrus.
c. Jaman
Renaisans jeung Humanisme
Jaman
renaisans mekar di Italia ti mimiti abad ka-14 nepi ka abad 16. Karya tulis
ngeunaan élmu rétorika,dialéktika,seni sastra,filsafat jeung pendidikan mekar
pisan,salah sahiji na nya éta aya buku Rhetorike
and Herennium taun 90 M nu eusina nganjurkeun sangkan digunakeun deui
rétorika.
Di
jaman ieu ogé kapanggihna alat tulis cétak jeung ngésérna kagiatan rétorika,
lain ukur rétorika lisan tapi ogé ayana rétorika tulisan. Ceuk syafiie dina Panganteur Kaparigelan Nyarita (2013:19)
aya sababaraha tokoh di ieu jaman diantarana Poggio Bracciolini (1380-1459),
Vala (1407-1457), Philip Melanchthon (1497-1560).
d. Rétorika
Modéren
Rétorika
modéren dihartikeun mangrupa seni nyarita atawa kamampuh nyarita jeung hutbah.
Dijaman modéren loba tokoh rétorika nu kasohor ti unggal nagara nu didasaran ku
ayana rupa-rupa kajadian “pergerakan” di
hiji nagara.
Di
Perancis aya “Gerakan Humanisme” nu ngalahirkeu tokoh-tokoh humanisme dina
widang sastra diantarana Mirabeaus (1749-1791), Napoleon Bonaparte (1769-1821),
jeung Charles de Gaule (1890-1970).
Di
inggris ti mimiti mangsa jayana Ratu Elisabet, salila révolusi puritanis,
antara abad ka-17 nepi abad ka-19, mangsa kajayaan Viktoria,mangsa abad XX,
jeung David Lioyd (1863-1945).
Di
Jerman kaparigelan nyarita mimiti mekar di mimbar-mimbar geréja. Tokoh-tokoh
rétoris anu gedé pangaruhna nya éta Martin Luther, Adolf Hitler (1889-1945),
Herman Georing (1893-1946), Joseph Gobbles (1897-1945).
Di
Amerika aya tokoh penting nya éta Patrick Henerg jeung Quincy Adam (1767-1848).
Salila perang sodara (1861-1865) ogé muncul para ahli pidato diantarana Henry
Clay (1861-1865), Jhon Calloun (1782-1850), Danil Webster (1782-1852), Abraham
Lincoln (1809-1865).
e. Rétorika
Abad ka-20
Di
awal abad ka-20 kajian ngeunaan rétorika teu ngan saukur lumangsung d benua
Eropa, tapi ogé di Amerika. Ahir abad ka-19 di amerika di adegkeunna paguron
luhur nu muka jurusan kajian ngeunaan rétorika. Awal kamekaran rétorika di
Amerika masih katara pamikiran-pamikiran pangaruh tina rétorika klasik jeung
modéren. Dina abad ka-20 tokoh rétorika nu kawéntar di Amerika nya éta Theodore
Roosevelt, présidén Amerika nu ka-26 jeung Franklin Delano Roosevelt,présidén
Amerika nu ka-30 sarta Jhon Fizgerald
Kennedy (1917-1963).
Référénsi :
Haerudin, Dingding & Agus Suherma. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita.
Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan
Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia
Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan
Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia

mantapp....sumanget..... :):)
BalasHapus