MATERI DONGÉNG


 

Wangenan Dongéng

Dongéng nyaéta karangan pondok dina wangun lancaran atawa basa sapopoé anu ngandung unsur pamohalan (teu kaharti ku akal). Contona aya sasatoan anu bisa ngomong, aya jalma anu bisa ngapung, aya jalma anu bisa ngaleungit, jrrd.


Ciri-ciri Dongéng

1.     Sumebarna sacara lisan

2.    Turun-tumurun ti kolot ka anakna

3.    Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim)

4.    Ngagunakeun basa lancaran

5.    Eusi caritana mangrupa rékaan

6.    Réa ngandung unsur pamohalan (teu asup akal)

7.    Ukuranna ilaharna pondok

8.    Beunghar ku ajén atikan, pangpangna anu patali jeung akal budi.

 

Wanda Dongéng

 

No

Wanda

Dongéng

Ciri-ciri Wanda

Conto Judul Dongéng

1

Fabél

·    Dongéng sasatoan

·    Eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi

·    Caritana ngagambarkeun pasipatan, watek, jeung paripolah sasatoan anu hirupna kawas manusa.

-          Gajah jeung Sireum

-          Gagak hayang jadi Merak

-          Keuyeup jeung Piteuk

-          Sakadang kuya jeung skadang monyét

2

Parabél

·         Dongéng jalma biasa

·         Caritana ngeunaan paripolah jalma biasa

·         Eusina nepikeun ajaran agama, moral, jeung bebeneran ku babandingan

·         Sakapeung mah palakuna

sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun

-          Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

-          Si Kabayan ngala nangka

 

 

 

3

Legénda

·         Dongéng sasakala

·         Carita rayat anu turun- tumurun, sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan

·         Eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan

-          Sangkuriang (Sasakala Tangkuban Parahu)

-          Sasakala Uncal Tandukan

-          Sasakala Situ Paténgan

-          Sasakala Situ Bagendit

-          Sasakala Talagawarna

-          Sasakala Cau Manggala

4

Sagé/

babad

-          Dongéng babad

-          Kaasup dongéng pamuk atawa kapahlawanan

-          Carita anu kasang tukangna sajarah

-          Eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa jalma, anu

aya patalina jeung sajarah atawa kapahlawanan

-          Sangiang Borosngora

-          Sunan Permana di Puntang

-          Dongéng Prabu Siliwangi

5

Mité

·         Dongéng kapercayaan

·         Eusina raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut

atawa perkara hal goib.

-          Nyi Roro Kidul

-          Ngipri ka Siluman Oray

 

Ngungkab unsur pamohalan dina dongéng

Ciri utama dina dongéng téh aya unsur pamohalan, ari unsur pamohalan nyaéta unsur anu teu asup akal. Contona jelema bisa ngapung, sato jeung tutuwuhan anu bisa nyarita.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar