Mikawanoh Guguritan
Guguritan nyaéta karya sastra dina wangun ugeran (puisi) anu kauger ku aturan pupuh. Ku lantaran
henteu panjang, guguritan
biasana ditulis dina hiji pupuh.
Pupuh téh jumlahna
aya 17, nyaéta :
1. Kinanti
Watekna prihatin, harepan,
ngadago
2. Asmarandana
Watekna silih asih
3. Sinom
Watekna gumbira, senang
4. Dangdaggula
Watekna Bungah, agung
5. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat, nyeri, nalangsa
6. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran
7. Mijil
Watekna susah, cilaka,
tiiseun, jempling
8. Durma
Watekna perang, paséa,
gelut
9. Pangkur
Watekna lumampah napsu,
sadia rék perang
10. Magatru
Watekna nyelang carita, lulucon ngeusi, prihatin
11. Ladrang
Watekna banyol, heureuy,
gogonjakan
12. Balakbak
Watekna pikaseurieun, bobodoran
13. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon
14. Gambuh
Watekna bingung, samar polah
15. Wirangrong
Watekna éra, wirang,
apes, rugi
16. Lambang
Watekna banyol, heureuy,
gogonjakan
17. Jurudemung
Watekna kaduhung, hanjakal
Dina 17 pupuh aya nu disebut sekar ageung, aya ogé nu
disebut pupuh sekar alit. Pupuh sekar ageung ngawengku opat pupuh nyaéta KSAD
(Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula). Ari pupuh sekar alit ngawengku
13 pupuh.
Nulis Guguritan
Guguritan nyaéta karangan
anu diwangun ku pupuh. Unggal
pupuh miboga patokan- patokan anu ngabédakeun hiji
pupuh jeung pupuh lianna. Patokanna téh ngawengku:
1. Watek pupuh
2. Padalisan (baris)
Padalisan nyaéta jumlah
baris dina unggal
pada (bait)
3. Guru lagu
Guru lagu nyaéta huruf vokal (a, i, u, é, o, e, eu) ahir di unggal padalisan (baris)
4. Guru wilangan
Guru wilangan nyaéta jumlah engang
(suku kata) dina unggal padalisan.
Contona:
Pupuh Sinom
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12a)
Geus dipasti ku jangji (7i)
Mun tacan laksana
(6a)
Numpes musuh sarakah (7a)
Henteu niat seja balik (8i)
Najan palastra
(5a)
Mati di médan jurit (7i)
Katerangan :
·
Pupuh di luhur aya 7 padalisan/baris
·
Dina baris kahiji, angka 12 nunjukkeun guru wilangan
·
Dina baris kahiji, hurup
a nunjukkeun guru lagu atawa hurup vokal
ahir
Pupuh
Wirangrong
Barudak mangka ngalarti
(8-i)
Ulah rék kadalon-dalon
(8-o)
Enggon-enggon nungtut élmu
(8-u)
Mangka getol mangka tigin
(8-i)
Pibekeleun saréréa (8-a)
Modal bakti ka nagara
(8-a)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar