Matéri Téks Déskripsi Kampung Adat


 

Ngaidéntifikasi Ciri-Ciri Kampung Adat Sunda

Kampung adat nyaéta kampung anu warga masarakatna nyekel atawa kukuh pengkuh kana adat-istiadat atawa warisan budaya karuhunna. Kampung adat mangrupa komunitas tradisional anu perenahna aya dina hiji wilayah nu tangtu, museur kana fungsi dina widang adat jeung tradisi.

Aya sawatara alesan diwangunna kampung adat di Jawa Barat, di antarana waé saperti ieu di handap.

a.    Kampung adat miboga pungsi pikeun miara adat jeung budaya masarakat adat sangkan teu kagerus jaman sarta jadi wadah anu ngarangkul budaya jeung adat nu wewengkon mencil.

b.    Kampung adat jadi padumukan anu pikangeunaheun tur meunang panangtayungan pikeun warga masarakat anu nganut kapercayaan karuhunna. Manéhna henteu diomongkeun ku masarakat séjén anu béda kapercayaanna.

c.    Kampung adat minangka asét budaya, ngajembaran kandaga budaya anu kudu dimumulé.

d.    Kampung adat minangka pakakas jeung bukti warisan budaya karuhun anu turun-tumurun ka entragan satuluyna.

 

Hak Warga Masarakat Kampung Adat

Aya sawatara hak anu dipiboga ku warga masarakat kampung adat, di antarana waé:

a.    ngukuhan jeung nguatkeun institusi budaya;

b.    ngabogaan komunitas adat saluyu jeung adat istiadatna;

c.    diajar, ngarévitalisasi, jeung ngayakeun transfer tradisi budaya;

d.    ngontrol sistim atikan jeung lembaga anu ngayakeun atikan;

e.    promosi, mekarkeun, tur ngukuhan struktur, adat-istiadat, spiritual, tradisi, jeung sistim kamasarakatan;

f.    ngukuhan, ngontrol, jeung mekarkeun warisan budaya katut kaweruh lokal; jeung

g.    nolak asimilasi (cacampuran budaya) sacara paksa anu ngancurkeun kabudayaan.

 

Kampung Adat nu aya di Jawa Barat

       Kampung adat raket patalina jeung warga masarakat adat. Kampung adat di Jawa Barat jumlahna kaitung réa, di antarana waé:

a.    Kampung Ciptagelar, di Kacamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi;

b.    Kampung Naga, Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya;

c.    Kampung Kuta, Desa Karangpaningal, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis;

d.    Kampung Dukuh, Desa Cijambe, Kecamatan Cikelet, Kabupaten Garut;

e.    Kampung Pulo, Desa Cangkuang, Kacamatan Lélés, Kabupaten Garut;

f.    Kampung Mahmud, Desa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih, Bandung;

g.    Kampung Urug, Desa Kiarapandak, Kacamatan Sukajaya, Kabupaten Bogor;

h.    Kampung Salapan, Desa Wadas, Kacamatan Teluk Jambe Barat, Karawang;

i.      Kampung Cireundeu, Kota Cimahi.

 

Wangenan Teks Deskripsi

          Istilah “déskripsi” hartina ngawincik, ngadadarkeun, atawa ngalukiskeun. Tujuan téks déskripsi nyaéta pikeun méré Gambaran ka nu maca ngeunaan obyék, kajadian, gagasan, tempat, barang atawa hal.

          Téks déskripsi atawa dadaran nyaéta téks anu eusina ngagambarkeun, nataan, atawa ngawincik ciri-ciri wujud atawa pasipatan hiji barang, tokoh, patempatan, atawa hiji kajadian. Dina téks déskripsi didadarkeun hasil pangalaman indrawi (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, jeung pangambeu) kana hiji barang, hal, atawa kajadian.

 

Ciri-ciri Téks Déskripsi

1.     Eusina ngagambarkeun ngeunaan hiji obyék

2.    Anu digambarkeun hasil pancaindra (panempo, pangdéngé, pangrampa, pangrasa, jeung pangambeu)

3.    Eusina ngagambarkeun ciri-ciri waruga (fisik) katut sipat kalawan wincik

4.    Bisa méré Gambaran ka nu maca, nepi ka nu maca bisa ngararasakeun jeung ngalaman langsung kajadian nu digambarkeun

5.    Ngandung kecap pagawéan pikeun nepikeun informasi

6.    Ngandung kecap sipat pikeun ngagambarkeun kondisi, jeung ngandung kecap katerangan pikeun méré informasi tambahan

7.    Ngandung gaya basa babandingan atawa kiasan

 

Struktur Nyusun Téks Déskripsi

1.     Judul

Judul mangrupa ngaran pikeun promosi téks jeung pamikat. Judul kudu luyu jeung eusi, pikatajieun (provokatif), jeung singget

2.    Idéntifikasi (nyirian) jeung klasifikasi (papasingan)

Idéntifikasi nyebutan ciri-ciri obyék anu didéskripsikeun, ari klasifikasi mangrupa wincikan atawa rincian obyék nu didéskripsikeun.

3.    Dadaran (déskripsi) jeung kacindekan

Déskripsi mangrupa gambaran tina obyék nu dipidangkeun, bisa dituturkeun ku kacindekan minangka pangécés kana hal nu dipentingkeun bisa henteu.

 

Nurutkeun Koentjaraningrat, aya tujuh unsur kabudayaan, nyaéta:

·         Sistem Basa

·         Sistem Élmu pangaweruh

·         Sistem Sosial

·         Sistem Pakakas jeung Téhnologi

·         Sistem Pakasaban

·         Sistem Religi

·         Sistem Kasenian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar